Naon Paska téh?
Jawaban Alkitab
Paska téh perayaan urang Yahudi pikeun miéling dibébaskeunana urang Israil ku Allah tina perbudakan di Mesir dina taun 1513 SM. Allah nitah urang Israil pikeun miéling kajadian penting ieu unggal taunna dina tanggal 14 bulan Abib, nurutkeun kalénder urang Yahudi. Ka dieunakeun, bulan Abib disebut Nisan.—Budalan 12:42; Imamat 23:5.
Ku naon disebut Paska?
Kecap ”Paska” ngamaksudkeun mangsa basa Allah nyalametkeun anak-anak cikal urang Israil waktu Mantenna maéhan sakabéh anak cikal manusa jeung sato di Mesir. (Budalan 12:27; 13:15) Saacan Allah ngadatangkeun hukuman ieu, Mantenna nitah bangsa Israil ngéprét-ngéprétkeun getih domba atawa embé nu geus dipeuncit dina tihang panto maranéhna. (Budalan 12:21, 22) Allah bakal ningali ieu tanda jeung ’ngaliwatan’ imah maranéhna, ku kituna anak cikal maranéhna moal dipaéhan.—Budalan 12:7, 13.
Kumaha jalma-jalma dina jaman Alkitab ngarayakeun Paska?
Allah méré pituduh ka urang Israil ngeunaan carana ngarayakeun Paska nu mimiti. a Alkitab nyebutkeun sababaraha hal nu aya patalina jeung perayaan Paska.
Korban: Dina tanggal 10 bulan Abib (Nisan), kulawarga-kulawarga milih domba (atawa embé) nu umurna sataun, tuluy dina tanggal 14, domba-dombana dipareuncitan. Dina Paska nu mimiti, urang Yahudi ngéprét-ngéprétkeun getih domba dina dua tihang panto jeung tarang panto imah maranéhna. Ari dagingna dipanggang jeung didahar.—Budalan 12:3-9.
Dahareun: Salian ngadahar domba (atawa embé), urang Israil ogé ngadahar roti nu teu diragian jeung lalab pait dina jamuan Paska.—Budalan 12:8.
Perayaan: Urang Israil ngarayakeun Pésta Roti Teu Maké Ragi salila tujuh poé sanggeus Paska. Salila éta, maranéhna teu ngadahar roti nu diragian.—Budalan 12:17-20; 2 Babad 30:21.
Palajaran: Perayaan Paska osok dipaké ku kolot pikeun ngajar barudakna ngeunaan Yéhuwa.—Budalan 12:25-27.
Iinditan: Ka dieunakeun, bangsa Israil ngayakeun perjalanan ka Yérusalém pikeun ngarayakeun Paska.—Pamindo 16:5-7; Lukas 2:41.
Kabiasaan-kabiasaan séjén: Dina jaman Yésus, jalma-jalma sok nginum anggur jeung nyanyi dina perayaan Paska.—Mateus 26:19, 30; Lukas 22:15-18.
Kasalahpahaman ngeunaan Paska
Kasalahpahaman: Urang Israil ngadahar jamuan Paska dina tanggal 15 Nisan.
Fakta: Allah nitah bangsa Israil pikeun meuncit domba sanggeus panonpoé surup dina tanggal 14 Nisan, terus didahar dina peuting éta kénéh. (Budalan 12:6, 8) Baheula, cara urang Israil ngitung sapoé téh ti panonpoé surup nepi ka surup deui. (Imamat 23:32) Hartina, urang Israil meuncit domba jeung ngadahar jamuan Paska dina tanggal 14 Nisan.
Kasalahpahaman: Urang Kristen sakuduna ngarayakeun Paska.
Fakta: Sanggeus Yésus ngarayakeun Paska dina tanggal 14 Nisan 33 M, anjeunna ngenalkeun perayaan nu anyar, nyaéta Jamuan Gusti, atawa Jamuan Wengi Jungjunan. (Lukas 22:19, 20; 1 Korinta 11:20) Ti saprak éta, Jamuan Wengi Jungjunan téh ngagantikeun Paska. Ieu perayaan téh pikeun miéling pangorbanan ”Kristus anu diibaratkeun domba Paska”. (1 Korinta 5:7) Korban tebusan Yésus jauh leuwih unggul ti batan korban Paska lantaran korban Yésus ngabébaskeun kabéh jalma tina dosa jeung maot.—Mateus 20:28; Ibrani 9:15.
a Tapi, ka dieunakeun aya sababaraha hal nu perlu dirobah. Contona, waktu ngarayakeun Paska nu mimiti, urang Israil kudu ngarayakeunana bari ”rurusuhan” lantaran maranéhna kudu geus siap kaluar ti Mesir. (Budalan 12:11) Tapi sanggeus aya di Tanah Perjangjian, maranéhna geus teu kudu rurusuhan deui ngarayakeunana.