Kumaha Ceuk Alkitab ngeunaan Perpuluhan?
Jawaban Alkitab
Dina jaman baheula, urang Israél diparéntahkeun pikeun nyumbangkeun perpuluhan a unggul taunna keur ngadukung ibadah nu sajati. Allah méré paréntah kieu, ”Hasil bumi saban taun kudu dijakatkeun saperpuluh.”—Pamindo 14:22.
Paréntah pikeun méré perpuluhan téh bagian tina Hukum Musa (Torét). Ieu téh hukum nu dibikeun ku Allah ka urang Israél dina jaman baheula. Urang Kristen ayeuna mah geus teu kudu nuturkeun Hukum Musa deui, jadi geus teu perlu méré perpuluhan. (Kolose 2:13, 14) Tapi, unggal urang Kristen bisa méré sumbangan ”sakumaha putusan haténa, ulah bari kukulutus atawa asa kapaksa, sabab Allah nyaah ka jalma nu méré bari jeung suka bungah”.—2 Korintus 9:7.
Perpuluhan nu disebutkeun dina Perjangjian Lawas
Perpuluhan sababaraha kali disebutkeun dina bagian Alkitab nu disebut Perjangjian Lawas. Lolobana mah disebutkeun sanggeus urang Israél narima Hukum Musa. Tapi saacan éta gé, perpuluhan geus pernah disebutkeun.
Saacan aya Hukum Musa
Alkitab nyaritakeun, jalma nu mimiti méré perpuluhan téh nyaéta Abram (Ibrahim). (Kajadian 14:18-20; Ibrani 7:4) Katingalina, Abram méré perpuluhan ka saurang raja sakaligus imam di kota Salém. Teu aya catetan séjén dina Alkitab nu nyebutkeun yén Ibrahim atawa anak-anakna méré perpuluhan deui.
Jalma kadua nu méré perpuluhan téh nyaéta Yakub, incuna Ibrahim. Manéhna jangji, lamun Allah ngaberkahan manéhna, manéhna bakal méré sapersapuluh tina sagala hal nu ditarimana. (Kajadian 28:20-22) Ceuk sababaraha ahli Alkitab, katingalina Yakub méré perpuluhan ieu ku cara ngorbankeun sasatoan. Yakub ngalaksanakeun jangjina ieu, tapi manéhna teu ngawajibkeun kulawargana pikeun ngalakukeun nu sarua.
Sanggeus aya Hukum Musa
Urang Israél diparéntahkeun pikeun méré perpuluhan keur ngadukung kagiatan ibadah.
Perpuluhan téh dipaké pikeun kabutuhan jalma-jalma nu digawé sapinuh waktu di bait, nyaéta urang Léwi, kaasup para imam. Maranéhna teu boga tanah pikeun digarap. (Bilangan 18:20, 21) Urang Léwi nu lain imam narima perpuluhan ti urang Israél séjénna. Geus kitu, maranéhna kudu nyumbangkeun sapersapuluh tina perpuluhan éta keur para imam. Nu disumbangkeunana téh kudu nu pangalusna.—Bilangan 18:26-29.
Katingalina, urang Israél gé kudu méré perpuluhan séjén unggal taun. Perpuluhan ieu dipaké pikeun kabutuhan urang Léwi sarta sakabéh bangsa Israél. (Pamindo 14:22, 23) Kulawarga-kulawarga Israél bisa ngagunakeun perpuluhan ieu pikeun parayaan-parayaan. Terus dina taun-taun nu husus, perpuluhan ieu gé bisa disumbangkeun keur jalma-jalma nu miskin pisan.—Pamindo 14:28, 29; 26:12.
Kumaha perpuluhan diitung? Unggal taunna, unggal Israél kudu nyisihkeun sapersapuluh bagian tina hasil bumi. (Imamat 27:30) Tapi lamun aya nu hayang mayar perpuluhan maké duit, jumlahna kudu ditambahan saperlima. (Imamat 27:31) Terus lamun manéhna boga sato piaraan, ’tiap-tiap tina sapuluh, hiji kudu disanggakeun’ ka Yéhuwa.—Imamat 27:32.
Sato nu disanggakeun pikeun perpuluhan téh nyaéta unggal sato kasapuluh nu kaluar tina kandang. Ceuk Hukum Musa, urang Israél teu meunang mariksa atawa nukeur sato éta. Maranéhna gé teu meunang nebus sato éta maké duit. (Imamat 27:32, 33) Tapi, perpuluhan séjén nu dikumpulkeun pikeun parayaan unggal taun bisa dibayar ku duit. Jadi, urang Israél nu cicingna di tempat-tempat nu jauh teu kudu repot-répot mamawa sato ka tempat parayaan.—Pamindo 14:25, 26.
Iraha urang Israél méré perpuluhan? Urang Israél téh méré perpuluhan sataun sakali. (Pamindo 14:22) Tapi, unggal tujuh taun sakali téh aya taun Sabat, atawa taun pikeun istirahat. Urang Israél teu meunang melak nanaon. (Imamat 25:4, 5) Jadi dina taun éta, urang Israél teu kudu méré perpuluhan tina hasil panén. Tapi unggal taun katilu jeung kagenep dina période taun Sabat, urang Israél méré perpuluhan séjén ka nu miskin jeung ka urang Léwi.—Pamindo 14:28, 29.
Naon hukuman keur jalma nu teu mayar perpuluhan? Hukum Musa teu nyebutkeun nanaon ngeunaan hal éta. Urang Israél téh méré perpuluhan lantaran maranéhna nyaho éta téh hal anu hadé, lain lantaran maranéhna sieun dihukum. Urang Israél bakal ngomong ka Allah yén maranéhna geus méré perpuluhan sarta ménta diberkahan ku Allah. (Pamindo 26:12-15) Keur Allah mah, teu mayar perpuluhan téh sarua jiga maok ti Anjeunna.—Malaki 3:8, 9.
Na perpuluhan téh beban nu beurat? Henteu. Allah geus jangji ka bangsa Israél, lamun maranéhna méré perpuluhan, Allah bakal méré loba berkah ka maranéhna. Maranéhna gé moal kakurangan nanaon. (Malaki 3:10) Tapi lamun maranéhna teu méré perpuluhan, maranéhna bakal susah. Ku naon? Sabab Allah moal méré berkah ka maranéhna. Terus para imam jeung urang Léwi nu digawé di bait gé jadi kudu néangan napkah, ku kituna maranéhna jadi teu bisa mantuan urang Israél pikeun ibadah ka Yéhuwa.—Nehemia 13:10; Malaki 3:7.
Perpuluhan nu disebutkeun dina Perjangjian Anyar
Basa Isa hirup kénéh di bumi, umat Allah masih kudu mayar perpuluhan. Tapi sanggeus Isa maot, maranéhna teu kudu mayar perpuluhan deui.
Dina jaman Isa
Dina Perjangjian Anyar, Alkitab nunjukkeun yén urang Israél masih mayar perpuluhan dina jaman Isa. Isa gé apal, urang Israél wajib mayar perpuluhan. Najan kitu, manéhna teu resep ka para pamingpin agama nu mentingkeun mayar perpuluhan nepi ka hal-hal leutik, tapi ”teu ngajalankeun hal-hal nu leuwih penting dina Torét, nyaéta kaadilan, welas asih, jeung kasatiaan”.—Matius 23:23.
Sanggeus Isa maot
Sanggeus Isa maot, umat Allah geus teu kudu mayar perpuluhan. Ku ayana korban tebusan Isa, Hukum Musa téh geus teu kudu dijalankeun deui, kaasup paréntah ”pikeun narik perpuluhan”.—Ibrani 7:5, 18; Éfésus 2:13-15; Kolose 2:13, 14.
a Perpuluhan téh nyaéta ”sapersapuluh bagian tina panghasilan sataun, nu disisihkeun keur ngadukung kagiatan agama”.—Kamus Alkitab W.R.F. Browning, kaca 353.