1 Tésalonika 5:1-28

  • Datangna poé Yéhuwa (1-5)

    • ”Kaayaan tengtrem jeung aman!” (3)

  • Tetep hudang jeung sadar (6-11)

  • Naséhat (12-24)

  • Salam panutup (25-28)

5  Dulur-dulur, ngeunaan waktu jeung mangsa nu geus ditangtukeun ku Allah, urang-urang geus teu kudu nulis deui ka aranjeun, 2  sabab aranjeun sorangan nyaho pisan yén datangna poé Yéhuwa téh percis siga maling nu datang peuting-peuting. 3  Waktu jalma-jalma ngaromong, ”Kaayaan tengtrem jeung aman!” maranéhna bakal ujug-ujug dibinasakeun. Kajadianana siga kanyeri awéwé nu rék ngajuru, jeung maranéhna moal bisa salamet. 4  Tapi dulur-dulur, aranjeun mah teu aya di nu poék. Ku kituna, aranjeun moal reuwas waktu poé éta datang, moal siga maling nu reuwas waktu beurang datang. 5  Aranjeun mah kabéhanana putra-putra caang jeung putra-putra beurang. Urang lain putra-putra peuting atawa putra-putra poék. 6  Jadi, ulah saré siga nu séjén, tapi hayu urang tetep hudang jeung sadar, 7  da nu saré mah saréna peuting-peuting, nu mabok gé mabokna peuting-peuting. 8  Tapi, lantaran urang mah putra-putra beurang, hayu urang tetep sadar jeung maké panutup dada nyaéta iman jeung kanyaah, sarta maké panutup sirah* nyaéta harepan kasalametan, 9  lantaran Allah milih urang téh lain pikeun narima amarah-Na, tapi pikeun narima kasalametan ku jalan Juragan urang Isa Al-Masih. 10  Manéhna maot demi urang, supaya teu sual urang keur hudang atawa saré,* urang bisa hirup babarengan jeung manéhna. 11  Ku kituna, teruskeun naon nu keur dilakukeun ku aranjeun, nyaéta silih tegerkeun jeung silih kuatkeun. 12  Ayeuna dulur-dulur, urang-urang ménta sangkan aranjeun ngahargaan jalma-jalma nu digawé bener-bener keur aranjeun, nu mingpin aranjeun dina ngalalayanan Juragan jeung nu méré naséhat ka aranjeun. 13  Tunjukkeun yén aranjeun bener-bener nyaah jeung ngahargaan maranéhna ku lantaran pagawéanana. Sing rukun jeung pada batur. 14  Tapi dulur-dulur, urang-urang ngajurung aranjeun supaya méré naséhat nu tegas ka jalma-jalma nu teu tartib, ngabantu nu lemah, jeung sabar ka kabéh jalma. Kekecapan aranjeun gé kudu nguatkeun nu keur leutik haté. 15  Omat, ulah ngabales kajahatan ku kajahatan ka saha waé. Tapi, terus jieun kahadéan ka dulur saiman jeung ka kabéh jalma. 16  Sing gumbira salawasna. 17  Ulah eureun ngadoa. 18  Ucapkeun sukur keur sagala hal. Ieu nu dipikahayang ku Allah ti aranjeun salaku murid Isa Al-Masih. 19  Ulah ngahalang-halang pangaruh* kawasa suci dina diri aranjeun. 20  Ulah nyapirakeun ramalan.* 21  Sagala hal téh kudu dipastikeun bener henteuna, nu hadé cekel sing pageuh. 22  Ulah ngalampahkeun kajahatan naon waé. 23  Mugia Allah katengtreman ngabantu aranjeun jadi bener-bener suci. Mugia roh,* jiwa,* jeung awak aranjeun taya cacadna dina sagala hal, jeung tetep siga kitu dina kahadiran Juragan urang Isa Al-Masih. 24  Allah nu milih aranjeun tangtu ngalakukeun hal-hal éta, da Anjeunna téh satia. 25  Dulur-dulur, terus doakeun urang-urang. 26  Sambut sakabéh dulur ku cara nu soméah.* 27  Demi Juragan, kuring ménta ka aranjeun supaya ieu surat dibacakeun ka sakabéh sadérék. 28  Mugia aranjeun disarengan ku welas asih nu taya bandingna* ti Juragan urang Isa Al-Masih.

Catetan Tambihan

Atawa ”hélem”.
Atawa ”maot”.
As. ”seuneu”.
Atawa ”warta nu diilhamkeun ku Allah”.
As. ”ku ciuman suci”.