1 Korintus 9:1-27

  • Tuladan Paulus salaku rasul (1-27)

    • ’Sapi ulah ditutupan sungutna’ (9)

    • ’Cilaka kuring lamun teu ngawawar!’ (16)

    • Ngalakukeun sagala rupa pikeun ngabantu sagala rupa jalma (19-23)

    • Nahan diri dina pangbalapan kahirupan (24-27)

9  Lainna kuring téh jalma bébas? Kuring téh rasul, pan? Mémangna kuring can pernah ningali Isa Juragan urang? Aranjeun téh hasil palayanan kuring ka Juragan, pan? 2  Sanajan kuring lain rasul keur nu séjén, kuring téh rasul keur aranjeun! Aranjeun jadi bukti* yén kuring téh rasulna Juragan. 3  Ka jalma-jalma nu sok ngahakiman kuring, ieu jawaban kuring: 4  Urang-urang boga hak pikeun dahar jeung nginum, pan? 5  Saperti para rasul séjénna, adi-adina Juragan, jeung Kéfas,* urang-urang boga hak pan pikeun dibaturan ku pamajikan nu saiman? 6  Atawa, ngan Barnabas jeung kuring hungkul kitu nu teu meunang eureun digawé néangan napkah? 7  Prajurit mana nu ngajalankeun tugas maké biaya sorangan? Aya kitu nu melak anggur tapi teu ngadahar buahna? Atawa, pangangon mana anu henteu nginum cisusu sato piaraanana? 8  Kuring ngomong kieu téh nuturkeun pikiran manusa, kitu? Lainna ceuk Hukum Musa gé sarua? 9  Dina Hukum Musa ditulis, ”Sapi nu keur ngirik* gandum ulah ditutupan* sungutna.” Nu diperhatikeun ku Allah téh sapina, kitu? 10  Atawa, sabenerna kekecapan éta téh keur kapentingan urang? Enya, éta ditulis téh keur kapentingan urang, sabab anu ngawuluku* jeung anu ngirik tangtu ngarepkeun meunang bagian. 11  Urang-urang geus nebarkeun hal-hal rohani dina diri aranjeun, jadi salah kitu lamun urang-urang meunangkeun bantuan matéri ti aranjeun? 12  Upama nu séjén meunang nagih hakna ka aranjeun, komo deui urang-urang. Sanajan kitu, hak éta teu dipaké. Urang-urang malah nandangan sagala hal supaya nyebarna warta hadé ngeunaan Al-Masih teu kahalangan ku urang-urang. 13  Mémangna aranjeun teu apal, jalma nu ngajalankeun tugas suci di bait ngadahar dahareun nu aya di dinya, jeung nu digarawé di mézbah meunang jatah ti korban dina mézbah éta? 14  Kitu ogé, Juragan geus maréntahkeun supaya jalma nu nguarkeun warta hadé, hirupna téh tina warta hadé. 15  Tapi, hak-hak éta hiji gé can aya nu digunakeun ku kuring. Kuring nulis kieu téh lain maksudna hayang ngamangpaatkeun hal-hal éta. Mending kénéh paéh tibatan kitu mah. Moal aya nu bisa ngarampas naon nu diagulkeun ku kuring! 16  Kuring agul téh lain ku lantaran nguarkeun warta hadé, da éta mah geus jadi kawajiban kuring. Malah, cilaka kuring lamun henteu nguarkeun warta hadé! 17  Lamun kuring réla ngalakukeunana, kuring meunang ganjaran. Tapi lamun kapaksa gé, tugas éta tetep kudu dilakukeun sabab geus dipercayakeun ka kuring. 18  Jadi, naon ganjaranana? Ganjaranana téh kuring bisa nguarkeun warta hadé bari teu dibayar. Ku kituna, kuring teu nyalahgunakeun wewenang salaku pawarta nu nguarkeun warta hadé. 19  Sanajan kuring lain palayan sasaha, kuring ngabdikeun diri jadi palayan kabéh jalma, supaya kuring bisa meunangkeun saloba-lobana jalma. 20  Keur urang Yahudi, kuring jadi urang Yahudi, supaya kuring bisa meunangkeun maranéhna. Keur jalma-jalma nu diatur ku hukum, kuring jadi jalma nu diatur ku hukum, supaya kuring bisa meunangkeun maranéhna, sanajan kuring teu diatur ku hukum. 21  Keur jalma-jalma nu teu diatur ku hukum, kuring jadi jalma nu teu diatur ku hukum, supaya kuring bisa meunangkeun maranéhna, sanajan kuring nuturkeun hukum Allah jeung diatur ku hukum Al-Masih. 22  Keur nu lemah, kuring jadi lemah, supaya kuring bisa meunangkeun maranéhna. Kuring ngalakukeun sagala rupa pikeun ngabantu sagala rupa jalma. Kuring gé ngalakukeun sagala cara supaya aya nu bisa disalametkeun. 23  Kuring ngalakukeun sagalana demi warta hadé supaya bisa ngabagikeunana ka batur. 24  Aranjeun apal dina balap lumpat, kabéh milu lumpat, tapi ngan saurang nu meunang hadiah. Jadi, aranjeun kudu lumpat sakuat tanaga supaya meunang hadiah. 25  Unggal jalma nu milu balap* nahan diri kana sagala hal. Maranéhna kitu téh demi meunangkeun makuta nu bisa musna, ari urang mah demi meunangkeun makuta nu teu bisa musna. 26  Jadi, kuring lumpat téh aya tujuanana. Kuring ninju gé diarahkeun supaya teu ninju angin. 27  Awak téh ku kuring digebugan* jeung disina nurut siga palayan. Ulah hanas kuring ngawawar ka batur, malah kuring nu ditolak* ku Allah.

Catetan Tambihan

As. ”materai”.
Ngaran séjénna Pétrus.
Misahkeun gandum tina cangkangna.
Atawa ”diborongsongan”.
Tingali cth. dina Luk. 9:62.
Atawa ”Unggal atlét”.
Atawa ”dihukum; didisiplin keras”.
Atawa ”dianggap teu layak”.