Budalan 12:1-51
12 Yéhuwa ngomong kieu ka Musa jeung Harun di Mesir,
2 ”Bulan ieu ku maranéh kudu dijadikeun bulan nu kahiji dina kalénder maranéh.
3 Béjakeun kieu ka jamaah Israél, ’Dina poé nu kasapuluh bulan ieu, maranéh kudu nyokot hiji domba keur kulawarga maranéh, hiji domba keur hiji kulawarga.
4 Tapi lamun kulawarga maranéh saeutikan, teu kuat méakkeun hiji domba, maranéh kudu ménta dibantuan ku tatangga nu pangdeukeutna. Sok dahar babarengan di imah maranéh, bagi-bagi nurutkeun jumlah jalma jeung nurutkeun sakumaha loba nu sanggup didahar ku unggal jalma.
5 Satona meunang domba meunang embé, asal kudu nu jalu, séhat, jeung umurna sataun.
6 Satona kudu diurus nepi ka poé ka-14 bulan ieu. Pas pasosoré,* unggal kulawarga ti jamaah Israél kudu meuncit éta sato.
7 Di imah tempat ngadahar daging éta sato, képrétkeun getih satona saeutik kana kusén panto bagian kénca, katuhu, jeung luhurna.
8 ”’Dagingna ku maranéh kudu dipanggang tuluy didahar peuting éta kénéh. Didaharna kudu jeung roti nu teu diragian sarta sayur pait.
9 Inget, dagingna kudu dipanggang bareng jeung hulu, bitis, sarta jeroanana. Ulah didahar atah atawa dikulub.
10 Ulah disésakeun nepi ka isuk-isuk. Mun aya sésa, kudu diduruk.
11 Waktu keur ngadahar daging éta, maranéh kudu geus maké beubeur, sendal, jeung nyekel iteuk. Daharna kudu buru-buru. Éta téh Paskah keur Yéhuwa.
12 Peuting éta, Kuring bakal ngideran sakuliah Mesir tuluy maéhan sakabéh anak cikal di Mesir, boh jelema boh sato. Kuring bakal ngahakiman jeung ngahukum sakabéh déwa Mesir. Kuring téh Yéhuwa.
13 Getih dina kusén panto bakal jadi tanda yén maranéh aya di imah éta. Jadi waktu Kuring ningali getih éta, imah maranéh bakal diliwat. Maranéh moal bakal keuna hukuman jeung moal maot waktu Kuring ngahukum Mesir.
14 ”’Poé éta kudu jadi poé pangéling-ngéling keur maranéh. Maranéh jeung turunan maranéh kudu ngayakeun perayaan dina poé éta keur Yéhuwa unggal taunna. Ieu jadi aturan nu kudu dijalankeun sapapanjangna.
15 Salila tujuh poé, maranéh kudu ngadahar roti nu teu diragian. Dina poé nu kahiji, maranéh kudu miceun sakabéh adonan nu diragian nu aya di imah maranéh. Salila tujuh poé éta, nu ngadahar naon waé nu diragian kudu dipaéhan.
16 Dina poé nu kahiji jeung katujuh, maranéh kudu ngumpul pikeun ibadah ka Allah. Dina dua poé éta, teu meunang aya nu digawé. Maranéh ngan meunang nyiapkeun dahareun sacukupna keur maranéh.
17 ”’Maranéh kudu ngayakeun Perayaan Roti nu Teu Diragian, sabab dina poé éta, Kuring rék mawa maranéh kabéh* budal ti Mesir. Poé éta kudu terus dirayakeun ku maranéh jeung turunan maranéh. Ieu jadi aturan keur sapapanjangna.
18 Dina bulan nu kahiji, ti poé ka-14 peuting-peuting nepi ka poé ka-21 peuting-peuting, maranéh kudu ngadahar roti nu teu diragian.
19 Salila tujuh poé, teu meunang aya adonan nu diragian di imah maranéh. Kabéh jalma, boh pribumi boh urang asing, nu ngadahar naon waé nu diragian kudu dipaéhan.
20 Maranéh teu meunang ngadahar sagala rupa nu diragian. Di mana waé maranéh matuh, maranéh kudu ngadahar roti nu teu diragian.’”
21 Musa langsung ngageroan para pamingpin Israél tuluy ngomong kieu, ”Masing-masing kulawarga kudu milih sato ngora.* Peuncit satona pikeun dijadikeun korban Paskah.
22 Wadahan getihna kana baskom, tuluy anclomkeun hisop* sabeungkeut kana éta getih. Képrétkeun éta kana kusén panto bagian kénca, katuhu, jeung luhurna. Teu meunang aya nu kaluar imah nepi ka isuk-isuk.
23 Jadi waktu Yéhuwa ngideran Mesir pikeun méré hukuman, imah maranéh bakal diliwat ku Yéhuwa lantaran Anjeunna ningali aya getih dina kusén panto maranéh bagian luhur, kénca, jeung katuhu. Ku kituna, di imah maranéh moal aya nu maot lantaran hukuman ti Anjeunna.
24 ”Maranéh kudu terus ngayakeun perayaan ieu. Aturan ieu kudu dijalankeun ku maranéh jeung turunan maranéh sapapanjangna.
25 Waktu maranéh nepi di tanah nu rék dibikeun ku Yéhuwa, sakumaha nu geus diucapkeun ku Anjeunna, maranéh kudu terus ngayakeun perayaan ieu.
26 Lamun anak-anak maranéh nanya, ’Ku naon ieu kudu dirayakeun?’
27 Béjakeun kieu, ’Ieu téh korban Paskah keur Yéhuwa. Waktu Anjeunna ngider rék maéhan urang Mesir, imah-imah urang Israél diliwat. Anjeunna nyalametkeun kulawarga urang.’”
Bruk jalma-jalma téh sarujud.
28 Urang Israél ngalampahkeunana percis sakumaha nu diparéntahkeun ku Yéhuwa ka Musa jeung Harun.
29 Tengah peuting, Yéhuwa maéhan sakabéh anak cikal di Mesir, ti anak cikal Firaun nu diuk dina tahta nepi ka anak cikal tawanan nu aya di panjara, kitu ogé jeung sakabéh anak cikal sasatoan.
30 Peuting éta, Firaun, para bawahanana, jeung sakabéh urang Mesir harudang. Di Mesir, kadéngé jalma-jalma careurik gogoakan lantaran di unggal imah aya nu maot.
31 Peuting éta kénéh, Firaun ngageroan Musa jeung Harun tuluy ngomong, ”Jig indit. Maranéh jeung urang Israél geura kaluar ti ieu nagri. Jung ibadah ka Yéhuwa, sakumaha kahayang maranéh.
32 Bawa ogé domba, embé, jeung sapi, sakumaha kahayang maranéh. Tapi pangméntakeun berkah ka Allah keur urang.”
33 Urang Mesir ngageugeuwat urang Israél sina buru-buru indit. Ceuk maranéhna, ”Lamun maranéh teu gancang indit, urang kabéh bakal paéh!”
34 Jadi urang Israél mawa adonan roti nu can diragian sarta wadah paranti ngadonan. Geus kitu, éta kabéh dibulen ku kaén tuluy dipanggul.
35 Maranéhna gé ménta barang-barang tina pérak jeung emas sarta papakéan ti urang Mesir, sakumaha paréntah Musa.
36 Ku Yéhuwa urang Mesir disina balageur ka maranéhna. Naon waé nu dipénta ku maranéhna dibikeun ku urang Mesir. Harta urang Mesir dibawaan ku maranéhna.
37 Tuluy urang Israél indit ti Ramésés ka Sukot. Kira-kira aya 600.000 lalaki nu leumpang, can kaasup barudak.
38 Maranéhna mawa loba pisan embé, domba, jeung sapi. Jalma-jalma ti bangsa séjén* gé marilu.
39 Di jalan, maranéhna manggang adonan nu dibawa ti Mesir tuluy dijadikeun roti buleud nu teu diragian. Rotina teu diragian lantaran maranéhna kudu buru-buru indit ti Mesir. Jadi maranéhna teu kaburu nyiapkeun dahareun séjén.
40 Waktu urang Israél budal ti Mesir, maranéhna geus 430 taun jadi urang asing.
41 Sanggeus jejeg 430 taun, dina poé éta kénéh, umat* Yéhuwa budal ti Mesir.
42 Peuting éta, maranéhna ngayakeun perayaan lantaran maranéhna geus dibawa budal ti Mesir ku Yéhuwa. Ti jaman ka jaman, bangsa Israél kudu ngarayakeun peuting éta keur Yéhuwa.
43 Geus kitu Yéhuwa ngomong ka Musa jeung Harun, ”Ieu aturan Paskah téh: Urang asing teu meunang milu ngadahar korban Paskah.
44 Lamun maranéh boga budak beulian, manéhna kudu disunatan heula, kakara meunang milu dahar.
45 Urang asing nu cicingna ngan saheulaanan jeung urang asing nu jadi kuli teu meunang milu dahar.
46 Korbanna kudu didahar di jero imah, teu meunang dibawa ka luar imah. Terus tulangna teu meunang aya nu dipotongkeun.
47 Sakabéh jamaah Israél kudu ngarayakeun Paskah.
48 Tapi lamun urang asing nu cicing di antara maranéh hayang milu ngarayakeun Paskah keur Yéhuwa, unggal lalaki di rumah tanggana kudu disunatan. Geus kitu, kakara manéhna meunang milu ngarayakeun Paskah. Manéhna gé bakal dianggap jadi urang Israél. Tapi lalaki nu teu disunatan mah teu meunang milu dahar.
49 Hukum ieu kudu dituturkeun boh ku urang Israél boh ku urang asing nu cicing di antara maranéh.”
50 Sakabéh urang Israél ngajalankeun paréntah Yéhuwa, percis sakumaha nu diucapkeun ku Anjeunna ka Musa jeung Harun.
51 Poé éta kénéh, sakabéh urang Israél* dibawa budal ti Mesir ku Yéhuwa.
Catetan Tambihan
^ Bisa jadi sanggeus panonpoé surup tapi saacan poék.
^ Atawa ”maranéh nu kawas pasukan”.
^ Nyaéta domba atawa embé ngora.
^ Tingali Daptar Istilah.
^ Ieu téh kaasup urang Mesir.
^ As. ”pasukan”.
^ As. ”urang Israél bareng jeung pasukanna”.