Ibrani 12:1-29

  • Isa, Nu Nyampurnakeun iman urang (1-3)

    • Loba saksi nu siga awan (1)

  • Ulah nyapirakeun disiplin ti Yéhuwa (4-11)

  • Leumpang téh kudu lempeng (12-17)

  • Ngadeukeutan Yérusalém nu di sorga (18-29)

12  Ku kituna, lantaran urang boga sakitu lobana saksi nu siga awan di sakurilingeun urang, hayu urang piceun sakabéh beban jeung dosa nu gampang ngabeulit urang, jeung hayu urang terus lumpat dina pangbalapan nu kudu dilakonan ku urang, 2  bari terus neuteup Isa, Pamingpin Utama iman urang jeung Nu Nyampurnakeun iman urang. Manéhna tabah dina tihang siksaan* jeung teu ngarasa éra lantaran inget kana kabagjaan nu aya di hareupeun manéhna. Ayeuna, manéhna geus diuk di katuhueun tahta Allah. 3  Manéhna gé tabah nyanghareupan jalma-jalma dosa nu nentang manéhna ku omongan kasar, nu sabenerna ngarugikeun maranéhna sorangan. Perhatikeun bener-bener conto manéhna, supaya aranjeun teu lungsé jeung nyerah. 4  Waktu bajoang ngalawan dosa éta, aranjeun mah teu nepi ka ngucurkeun getih. 5  Aranjeun gé geus bener-bener poho kana naséhat Allah ka aranjeun anak-anak-Na, ”Anaking, ulah nyapirakeun disiplin ti Yéhuwa, jeung ulah leutik haté waktu dipapatahan ku Anjeunna, 6  sabab Yéhuwa ngadisiplin jalma-jalma nu dipikanyaah ku Anjeunna, malah Anjeunna mecut* saha waé nu diaku anak.” 7  Aranjeun kudu tabah, anggap wéh aranjeun keur didisiplin.* Éta tandana aranjeun diaku anak ku Allah. Anak mana nu teu didisiplin ku bapana? 8  Lamun Allah teu ngadisiplin aranjeun cara ka nu séjén, aranjeun téh anak haram, lainna anak teges. 9  Ka bapa jasmani gé, urang tetep hormat sanajan manéhna osok ngadisiplin urang. Komo deui ka Bapa rohani urang,* urang kudu leuwih tunduk supaya tetep hirup. 10  Bapa jasmani ngadisiplin urang ngan sakeudeung, nurutkeun naon nu bener ceuk manéhna, tapi Allah mah ngadisiplin urang keur kahadéan urang, supaya urang jadi suci siga Anjeunna. 11  Mémang waktu didisiplin, urang boro-boro bungah, nu aya mah nyeri.* Tapi sanggeusna, éta aya hasilna. Jalma nu geus dilatih ku disiplin éta bakal ngarasa tengtrem jeung ngalampahkeun nu bener. 12  Nu matak, kuatkeun leungeun nu ngaplék jeung tuur nu leuleus. 13  Aranjeun gé leumpang téh kudu lempeng, supaya bagian nu lemah teu jadi beuki parah,* tapi jadi cageur. 14  Sing akur* jeung kabéh jalma, sarta hirup téh kudu suci,* sabab lamun teu kitu, mustahil bisa ningali Juragan.* 15  Ati-ati, ulah aya nu kaleungitan welas asih Allah nu taya bandingna,* supaya akar nu ngandung racun teu tumuwuh, tuluy nyieun masalah jeung nganajisan loba jalma. 16  Sing waspada, ulah aya di antara aranjeun nu cabul* atawa nu teu ngahargaan hal-hal suci siga Ésau, nu nukeurkeun hak cikalna ku dahareun keur sakalieun. 17  Aranjeun apal, ka dieunakeun waktu manéhna hayang narima berkah, manéhna ditolak. Sanajan manéhna geus bener-bener upaya nepi ka ceurik supaya bapana ngarobah putusanana, éta percumah. 18  Nu dideukeutan ku aranjeun téh lain gunung nu bisa dicabak nu harita téh hurung ku seuneu, nu dikurilingan ku awan hideung jeung angin ribut, nu kaayaanana poék mongkléng, 19  sarta aya sora tarompét nu tarik, jeung sora nu ngomong ka jalma-jalma. Barang kadéngé, bangsa éta méménta supaya sora éta eureun. 20  Maranéhna teu tahan ngadéngé paréntah ieu, ”Anu nincak ieu gunung, najan sato gé, kudu dibalédogan ku batu nepi ka paéh.” 21  Sagala nu ditingali harita meni pikasieuneun, nepi ka Musa ngomong, ”Kuring ngadégdég bakating ku sieun.” 22  Ari nu dideukeutan ku aranjeun mah Gunung Zion jeung kota Allah nu hirup, nyaéta Yérusalém nu di sorga, puluhan rébu malaikat 23  nu keur kumpul, jamaah anak cikal nu ngaranna geus didaptar di sorga, Allah nu jadi Hakim sagalana, jalma-jalma bener nu dibingbing ku kawasa suci sarta geus jadi sampurna, 24  Isa nu jadi perantara perjangjian anyar, jeung getih nu diképrét-képrétkeun ka urang, nu leuwih hadé tibatan getih Habél. 25  Kadé, aranjeun ulah nepi ka embung ngadéngékeun* sora nu ngomong ti sorga. Baheula, jalma-jalma di bumi embung ngadéngékeun pépéling Allah jeung maranéhna dihukum. Komo deui urang, lamun urang embung ngadéngékeun sora nu ngomong ti sorga, urang gé tangtu dihukum! 26  Harita, ku sora-Na bumi oyag, tapi ayeuna Anjeunna jangji, ”Sakali deui Kuring rék ngoyagkeun, lain bumi hungkul, tapi ogé langit.” 27  Kekecapan ”sakali deui” nuduhkeun yén Allah bakal nyingkirkeun hal-hal nu oyag, nu lain jieunan Anjeunna, supaya hal-hal nu teu oyag bisa tetep aya. 28  Jadi, lantaran urang bakal narima Pamaréntahan nu teu bisa oyag, mugia urang terus narima welas asih nu taya bandingna* nu bisa ngabantu urang ngajalankeun palayanan suci nu dipikaresep ku Allah, dibarengan ku rasa hormat jeung tajub. 29  Allah urang téh lir seuneu nu ngabasmi.

Catetan Tambihan

Atawa ”ngahukum”.
Atawa ”dilatih”.
Atawa ”Bapa nu ngabingbing kahirupan urang ku kawasa suci”.
Atawa ”sedih”.
Atawa ”leupas tina sendi”.
As. ”Udag karukunan”.
As. ”jeung udag kasucian”.
Atawa ”Gusti”. Yunani: Kyrios. Tingali Daptar Istilah.
Tingali ”Lampah cabul” dina Daptar Istilah.
Atawa ”ulah néang-néang alesan pikeun nolak; ulah nampik”.