Ibrani 13:1-25

  • Naséhat jeung salam panutup (1-25)

    • Ulah poho béréhan (2)

    • Perkawinan kudu dihormat (4)

    • Taat ka nu mingpin aranjeun (7,17)

    • Nyanggakeun korban pujian (15, 16)

13  Aranjeun kudu terus silih pikanyaah kawas ka kulawarga sorangan. 2  Ulah poho aranjeun kudu béréhan,* sabab aya nu ngalakukeun éta ka sémahna, sihoréng sémahna téh malaikat. 3  Sing inget ka dulur-dulur nu keur dipanjarakeun, saolah-olah aranjeun keur dipanjarakeun bareng jeung maranéhna. Sing inget ogé ka nu keur dikaniaya, da aranjeun masih kénéh aya dina awak jasmani.* 4  Perkawinan kudu dihormat ku kabéh jalma. Salaki pamajikan teu meunang teu satia, sabab Allah bakal ngahakiman jalma nu lampahna cabul* jeung nu jinah. 5  Aranjeun ulah mata duitan, kudu ngarasa cukup ka nu geus aya, sabab ceuk Allah, ”Manéh moal ditinggalkeun ku Kuring, jeung moal diantep ku Kuring.” 6  Jadi, urang bisa bener-bener yakin ngomong kieu, ”Yéhuwa panulung kuring, kuring moal sieun. Rék bisa naon manusa ka kuring?” 7  Sing inget ka jalma-jalma nu mingpin* aranjeun, nu geus ngajarkeun firman Allah ka aranjeun. Bari merhatikeun hasil tina laku lampah maranéhna, pék conto iman maranéhna. 8  Isa Al-Masih teu barobah, ti baheula, ayeuna, nepi ka salilana. 9  Ulah kasasabkeun ku rupa-rupa pangajaran nu béda jeung nu geus ditarima ku urang, sabab leuwih hadé lamun haté aranjeun dikuatkeun ku welas asih nu taya bandingna* tibatan ku dahareun,* da jalma-jalma nu terus mikirkeun hal éta gé teu meunang mangpaat. 10  Urang boga mézbah, sarta naon nu aya dina mézbah éta teu meunang didahar ku jalma-jalma anu ngajalankeun palayanan suci di kémah. 11  Awak sato kurban diduruk di luar pakémahan, ari getihna mah dibawa ku imam agung ka Rohangan Mahasuci pikeun jadi kurban keur dosa. 12  Nya kitu ogé, Isa ngalaman sangsara di luareun kota pikeun nyucikeun jalma-jalma ku getihna sorangan. 13  Jadi, hayu urang indit ka manéhna di luar pakémahan, supaya urang gé dihina siga manéhna, 14  da di dieu mah urang teu boga kota nu aya salilana, tapi nu diarep-arep ku urang mah kota nu bakal aya dina mangsa ka hareup. 15  Ku jalan manéhna, hayu urang terus nyanggakeun korban pujian ka Allah, nyaéta ngagunakeun biwir urang* pikeun nguarkeun ngaran Anjeunna ka jalma-jalma. 16  Salian ti éta, ulah poho nyieun kahadéan jeung babagi ka batur, da Allah resep kana korban-korban nu siga kitu. 17  Sing taat jeung tunduk ka jalma-jalma anu mingpin* aranjeun, sabab maranéhna téh ngajaga aranjeun jeung bakal tanggung jawab ka Allah. Ku kituna, maranéhna ngajalankeun ieu téh bari suka bungah, henteu bari kukulutus, da mun kitu mah aranjeun kénéh nu rugi. 18  Terus doakeun urang-urang, da urang-urang yakin boga haté sanubari nu bersih,* sarta urang-urang hayang jujur dina sagala hal. 19  Tapi utamana, kuring ménta aranjeun ngadoakeun kuring ngarah bisa gancang datang ka aranjeun. 20  Mugia Allah katengtreman, nu ngahirupkeun deui pangangon agung urang, nyaéta Juragan Isa nu getihna ngukuhkeun perjangjian abadi, 21  méré hal-hal hadé nu dibutuhkeun ku aranjeun pikeun ngalakukeun kahayang Anjeunna. Ku jalan Isa Al-Masih, Anjeunna gé ngajurung urang pikeun ngalakukeun hal-hal nu nyenangkeun Anjeunna. Mugia Allah dimulyakeun salalanggengna. Amin. 22  Dulur-dulur, kuring ménta supaya aranjeun sabar ngadéngékeun kekecapan anu nguatkeun ieu, sabab kuring geus nulis surat nu pondok keur aranjeun. 23  Kuring rék méré nyaho, dulur urang Timotius geus dibébaskeun. Lamun manéhna gancang datang ka dieu, kuring bakal bareng jeung manéhna indit ka aranjeun. 24  Salam ti kuring keur kabéh nu mingpin* aranjeun sarta keur kabéh jalma suci. Dulur-dulur di Italia nitip salam keur aranjeun. 25  Mugia aranjeun kabéh disarengan ku welas asih Allah nu taya bandingna.*

Catetan Tambihan

Atawa ”akuan ka batur”.
Atawa bisa jadi, ”saolah-olah aranjeun milu sangsara jeung maranéhna”.
Tingali ”Lampah cabul” dina Daptar Istilah.
Atawa ”nu ngabingbing”.
Nyaéta, aturan-aturan ngeunaan dahareun.
As. ”nyaéta buah biwir”.
Atawa ”nu ngabingbing”.
Atawa ”jujur”.
Atawa ”nu ngabingbing”.