Kajadian 42:1-38

  • Lanceuk-lanceukna Yusuf indit ka Mesir (1-4)

  • Yusuf panggih jeung lanceuk-lanceukna sarta nguji maranéhna (5-25)

  • Lanceuk-lanceukna balik ka Yakub (26-38)

42  Waktu nyaho di Mesir aya gandum, Yakub ngomong ka anak-anak lalakina, ”Ku naon bet caricing waé?” 2  Manéhna neruskeun, ”Bapa ngadéngé di Mesir aya gandum. Jung ka ditu meuli saeutik mah, ngarah urang teu paéh kalaparan.” 3  Bral sapuluh lanceukna Yusuf indit ka Mesir rék meuli gandum. 4  Tapi Yakub ngalarang Bényamin adina Yusuf milu jeung lanceuk-lanceukna, da ceuk manéhna, ”Paur bisi aya kacilakaan, tuluy manéhna maot.” 5  Jadi anak-anak lalaki Israél jeung jalma-jalma séjénna daratang ka Mesir rék meuli dahareun, lantaran di tanah Kanaan gé aya kalaparan. 6  Yusuf téh jalma nu boga kawasa di sakuliah Mesir. Manéhna nu ngajual gandum ka sakabéh bangsa di bumi. Jadi lanceuk-lanceukna Yusuf daratang tuluy sarujud ka manéhna. 7  Waktu ningali maranéhna, Yusuf langsung nyaho éta téh lanceuk-lanceukna, tapi Yusuf teu ngabéjaan saha manéhna téh. Jadi Yusuf sesengor ka maranéhna, ”Asal maranéh ti mana?” Dijawab ku maranéhna, ”Ti tanah Kanaan, badé mésér tuangeun.” 8  Yusuf apaleun ka lanceuk-lanceukna, tapi maranéhna mah teu apaleun ka Yusuf. 9  Ras Yusuf inget kana impian ngeunaan maranéhna, tuluy manéhna ngomong kieu, ”Maranéh mah mata-mata! Datang ka dieu téh rék néangan kalemahan* nagri urang, nya?” 10  Maranéhna némbalan, ”Sanés kitu, Juragan. Abdi sadaya téh hamba Juragan, ka dieu téh badé mésér tuangeun. 11  Sadayana adi lanceuk ti hiji bapa. Abdi sadaya téh jalma bener. Hamba-hamba Juragan ieu sanés mata-mata.” 12  Tapi ceuk Yusuf, ”Bohong! Maranéh datang ka dieu téh rék néangan kalemahan nagri ieu!” 13  Ceuk maranéhna, ”Hamba-hamba Juragan ieu téh aya 12 urang. Sadayana anak ti hiji bapa nu matuh di tanah Kanaan. Nu bungsu aya sareng pun bapa, ari nu hijina deui tos teu aya.” 14  Tapi ceuk Yusuf ka maranéhna, ”Bener ceuk aing gé, maranéh mah mata-mata! 15  Ku aing rék diuji maranéh téh jujur atawa henteu. Demi hirup Firaun, saacan nu bungsu dibawa ka dieu, maranéh teu meunang indit ti tempat ieu. 16  Sok salah saurang ti maranéh balik tuluy bawa adi maranéh ka dieu, ari nu séjénna ditahan di dieu. Jadi aing nyaho omongan maranéh téh bener atawa henteu. Lamun bohong, demi hirup Firaun, maranéh mémang mata-mata.” 17  Geus kitu, kabéhanana dipanjara tilu poé. 18  Dina poé nu katilu, Yusuf ngomong ka maranéhna, ”Urang téh jalma nu hormat* ka Allah. Sok wéh kieu ayeuna mah, ngarah maranéh tetep hirup. 19  Buktikeun lamun maranéh téh mémang jalma bener. Maranéh meunang balik bari mawa gandum jang kulawarga maranéh ngarah teu kalaparan, tapi salah saurang ti maranéh tetep ditahan di dieu. 20  Engké nu bungsu bawa ka dieu. Mun geus kitu, urang nyaho omongan maranéh téh bisa dipercaya, jadi maranéh moal paéh.” Maranéhna satuju. 21  Maranéhna pada ngomong kieu, ”Ieu pasti hukuman keur urang lantaran kalakuan urang baréto ka adi urang. Basa manéhna nalangsa méménta dipikarunya, ku urang teu didéngé. Matakna ayeuna urang kabéh jadi nalangsa.” 22  Rubén ngomong ka maranéhna, ”Ceuk Akang gé baréto budak téh ulah dicilakakeun, tapi ku maranéh teu didéngé. Ayeuna urang kabéh kudu tanggung jawab lantaran geus maéhan manéhna.”* 23  Ku sabab Yusuf ngomong ka maranéhna maké panarjamah, maranéhna nyangka Yusuf teu ngartieun omongan maranéhna. 24  Yusuf ninggalkeun maranéhna tuluy ceurik. Geus kitu, Yusuf balik sarta ngomong deui ka maranéhna. Yusuf milih Siméon, seug ditalian di hareupeun maranéhna. 25  Sanggeus éta, Yusuf maréntahkeun supaya karung-karung maranéhna dieusian gandum nepi ka pinuh, duit maranéhna dipulangkeun kana karungna masing-masing, sarta maranéhna dibéré bekel keur di perjalanan. Prak paréntah éta dilaksanakeun. 26  Karung-karung gandum téh dimuatkeun kana kaldé ku maranéhna, tuluy maranéhna indit ti dinya. 27  Di tempat mondok, salah saurang ti maranéhna muka karung rék maraban kaldé, ari pék téh di karungna aya duit. 28  Ningali kitu, manéhna ngomong ka dulur-dulurna, ”Duit urang dipulangkeun, aya dina karung urang!” Bakating ku sieun, maranéhna ngeleper tuluy pada ngomong kieu, ”Ku naon Allah téh bet kieu ka urang?” 29  Sanggeus nepi di tanah Kanaan, maranéhna nyaritakeun ka bapana naon nu kaalaman ku maranéhna, kieu cenah, 30  ”Jalma nu boga kawasa di ditu sesengor ka urang, jaba nuduh urang téh mata-mata nu keur ningali kaayaan nagri éta. 31  Tapi urang téh ngomong, urang mah jalma bener lain mata-mata. 32  Urang téh aya 12 adi lanceuk, kabéhanana anak ti hiji bapa. Nu hiji geus teu aya, ari nu bungsu ayeuna aya jeung Bapa di tanah Kanaan. 33  Tapi jalma nu boga kawasa éta kalah ka ngomong kieu, ’Buktikeun maranéh téh jalma bener. Sok baralik bawa dahareun jang kulawarga maranéh ngarah teu kalaparan. Tapi salah saurang dulur maranéh kudu tetep cicing di dieu. 34  Engké bawa nu bungsu ka dieu, jadi aing nyaho maranéh téh jalma bener, lain mata-mata. Mun geus kitu, dulur maranéh meunang dibawa balik. Maranéh gé meunang meuli dahareun di nagri ieu.’” 35  Pas maranéhna ngosongkeun karung, ari pék téh dina unggal karung aya kantong duitna masing-masing. Ningali kantong-kantong duit éta, maranéhna jeung bapana jadi sieuneun. 36  Yakub bapa maranéhna ngomong kieu, ”Gara-gara maranéh, Bapa kaleungitan anak! Yusuf geus euweuh, Siméon geus euweuh, ayeuna maranéh gé rék nyokot Bényamin! Ku naon aing bet sangsara siga kieu?” 37  Tapi ceuk Rubén ka bapana, ”Sok paéhan wéh dua anak lalaki abdi lamun abdi teu bisa mawa Bényamin balik deui. Manéhna bakal dijagaan ku abdi, engké dibawa balik deui ka dieu.” 38  Sanajan kitu, ceuk bapana, ”Anak Bapa teu meunang milu jeung maranéh, lantaran lanceukna geus maot, ayeuna kari manéhna sorangan. Lamun di perjalanan manéhna cilaka nepi ka maot, Bapa nu geus kolot ieu pasti maot* lantaran sedih pisan, éta téh gara-gara maranéh.”

Catetan Tambihan

Atawa ”rék néangan daérah nu teu dijaga di”.
As. ”sieun”.
As. ”lantaran getihna”.
Atawa ”pasti turun ka Syéol”. Tingali ”Syéol” dina Daptar Istilah.