Kisah Para Rasul 16:1-40
16 Jadi, manéhna nepi di Dérbé tuluy ka Listra. Di dinya, aya murid nu ngaranna Timotius. Indungna téh urang Yahudi nu geus jadi murid, ari bapana mah urang Yunani.
2 Timotius dipuji ku dulur-dulur di Listra jeung Ikonium.
3 Paulus ngomong hayang dibaturan ku Timotius. Jadi, Paulus mawa manéhna jeung nitah manéhna disunatan sabab urang Yahudi di dinya arapaleun bapana téh urang Yunani.
4 Bari ngideran kota-kota éta, maranéhna nepikeun naon nu geus diputuskeun ku para rasul jeung kokolot di Yérusalém supaya éta dituturkeun.
5 Ku kituna, sidang-sidang jamaah beuki kuat iman jeung jumlah anggotana nambahan unggal poé.
6 Salian ti éta, maranéhna indit ka Frigia jeung daérah Galatia, lantaran kawasa suci ngalarang maranéhna ngawartakeun firman di Propinsi Asia.
7 Terus, waktu nepi di Misia, maranéhna rék asup ka Bitinia, tapi teu diidinan ku Isa liwat kawasana.
8 Jadi, maranéhna neruskeun perjalanan liwat Misia jeung nepi di Troas.
9 Peutingna, Paulus meunang titingalian, aya urang Makédonia nu nangtung di hareupeun manéhna bari méménta kieu, ”Hayu ka Makédonia jeung tulungan urang kabéh.”
10 Teu lila sanggeus manéhna meunang titingalian éta, urang-urang indit ka Makédonia, lantaran nyimpulkeun Allah nitah urang nguarkeun warta hadé ka jalma-jalma dinya.
11 Bral waé saréréa balayar ti Troas, lempeng ka Samotraké, tapi isukna ka Néapolis.
12 Ti dinya, urang-urang indit ka Filipi, salah sahiji kota Romawi nu penting di daérah Makédonia. Di dinya, urang cicing sababaraha poé.
13 Dina poé Sabat, urang kabéh indit ka luar gerbang kota, ka sisi walungan, da ceuk taksiran mah di dinya téh aya tempat ngadoa. Tuluy urang dariuk sarta ngobrol jeung awéwé-awéwé nu keur ngariung.
14 Aya saurang awéwé nu ngaranna Lidia, tukang dagang kaén ungu ti kota Tiatira. Manéhna téh nyembah ka Allah. Harita, manéhna keur ngadéngékeun Paulus jeung haténa dibukakeun sagedé-gedéna ku Yéhuwa ngarah merhatikeun omongan Paulus.
15 Sanggeus manéhna jeung rumah tanggana dibaptis, manéhna ngadesek kieu, ”Lamun sadérék-sadérék nganggap abdi boga iman ka Yéhuwa, hayu datang jeung mondok di imah abdi.” Lantaran manéhna keukeuh, urang datang.
16 Basa keur indit ka tempat ngadoa éta, urang-urang panggih jeung palayan awéwé nu kasurupan roh jahat nu bisa ngaramal. Ku lantaran pangabisana éta, para dununganana meunang loba untung.
17 Awéwé éta nunutur Paulus jeung urang-urang bari jeung gogorowokan, ”Jalma-jalma ieu téh abdina Allah Nu Maha Agung, nu nuduhkeun jalan kasalametan ka maranéh.”
18 Kitu jeung kitu baé mangpoé-poé. Tungtungna Paulus jéngkéleun jeung ngomong ka roh éta, ”Ku ngaran Isa Al-Masih, urang nitah, kaluar siah ti manéhna!” Harita kénéh roh éta kaluar.
19 Tah, waktu para dununganana ngarasa moal meunang untung deui, Paulus jeung Silas ku maranéhna ditéwak tuluy diséréd ka pasar pikeun disérénkeun ka para pangawasa.
20 Maranéhna mawa duanana ka hareupeun para pajabat kota, tuluy ngomong, ”Jalma-jalma ieu ngaganggu katenangan kota. Maranéhna téh urang Yahudi,
21 nu nyebarkeun kabiasaan nu moal bisa ditarima atawa dilakonan ku urang, bangsa Romawi.”
22 Jalma réa pipilueun nyalahkeun maranéhna. Para pajabat kota nitah supaya baju maranéhna dibuka ku cara disoékkeun, tuluy nitah maranéhna dijebrodan ku tongkat.
23 Sanggeus dijebrodan, maranéhna dijebloskeun ka panjara. Panjaga panjara dititah ngajaga maranéhna bener-bener.
24 Ku lantaran panjaga panjara meunang paréntah kitu, duanana dijebloskeun ka panjara nu pangjerona jeung dipasung sukuna.
25 Kira-kira tengah peuting, Paulus jeung Silas ngadoa jeung ngawihkeun pupujian ka Allah, éta kadéngéeun ku tahanan séjén.
26 Ujug-ujug aya lini gedé, pondasi panjara nepi ka oyag. Geus kitu, panto-panto panjara langsung maruka, ranté-ranté para tahanan lalésotan.
27 Koréjat panjaga panjara hudang. Barang ningali panto-panto panjara geus marolongo, manéhna nyabut pedangna rék maéhan manéh, da disangkana para tahanan geus kalabur.
28 Tapi Paulus ngagorowok, ”Ulah maéhan manéh, urang kabéh aya di dieu!”
29 Jadi panjaga panjara ménta lampu jeung lumpat ka jero. Bari ngadégdég, bruk manéhna sideku di hareupeun Paulus jeung Silas.
30 Ku manéhna, duanana dibawa kaluar tuluy ngomong, ”Bapa-bapa, abdi kedah kumaha sangkan salamet?”
31 Ceuk maranéhna, ”Sing percaya ka Juragan Isa supaya anjeun jeung rumah tangga anjeun salamet.”
32 Geus kitu, maranéhna ngawartakeun firman Yéhuwa ka panjaga panjara éta jeung saeusi imahna.
33 Peuting éta kénéh, maranéhna duaan dibawa ku panjaga panjara éta jeung dibersihan raheut-raheutna. Tuluy, manéhna jeung sakabéh rumah tanggana langsung dibaptis.
34 Manéhna mawa Paulus jeung Silas ka imahna jeung nyuguhan dahareun. Manéhna jeung sakabéh rumah tanggana bungah pisan lantaran geus percaya ka Allah.
35 Barang bray beurang, datang para patugas utusan ti pajabat kota ngomong kieu, ”Bébaskeun jalma-jalma éta.”
36 Panjaga panjara ngalaporkeun ieu ka Paulus, ”Para pajabat kota ngirim utusan supaya Bapa duaan dibébaskeun. Mangga geura arangkat, sing saralamet.”
37 Tapi ceuk Paulus ka para patugas éta, ”Urang duaan digebugan di hareupeun umum, bari jeung teu diadilan heula padahal urang duaan téh warga nagara Romawi, malah mah nepi ka dipanjara. Ayeuna, urang rék dibébaskeun susulumputan? Teu bisa! Maranéhna kudu datang jeung nganteur urang ka luar.”
38 Ieu dilaporkeun ku para patugas ka para pajabat kota. Maranéhna jadi sarieuneun basa ngadéngé jalma-jalma éta téh warga nagara Romawi.
39 Jadi maranéhna datang jeung ménta dihampura. Sanggeus nganteur Paulus jeung Silas ka luar, para pajabat méménta supaya maranéhna ninggalkeun éta kota.
40 Tapi, barang kaluar ti panjara, maranéhna indit ka imahna Lidia sarta panggih jeung dulur-dulur. Sanggeus nguatkeun dulur-dulur, kakara maranéhna indit.