Nu Ditulis ku Lukas 18:1-43
18 Tuluy, Isa nyaritakeun hiji ibarat ngeunaan pentingna terus ngadoa jeung ulah nyerah.
2 Ceuk manéhna, ”Di hiji kota, aya hakim nu teu sieun ka Allah jeung teu ngahargaan batur.
3 Di éta kota gé aya saurang randa nu teterusan datang ka manéhna jeung ngomong, ’Abdi keur boga masalah hukum jeung saurang jalma, sing adil ka abdi.’
4 Tadina mah éta hakim embungeun, tapi lila-lila manéhna mikir, ’Najan aing teu sieun ka Allah jeung teu ngahargaan batur,
5 tapi lantaran éta randa nyusahkeun pisan, ku aing rék dibéré kaadilan, ngarah manéhna teu datang deui, datang deui, méménta kaadilan, nu matak aing pusing.’”*
6 Geus kitu, ceuk Juragan, ”Perhatikeun omongan hakim éta nu lain jelema bener!
7 Ku kituna, Allah tangtu méré kaadilan ka jalma-jalma pilihana-Na nu sasambat beurang peuting ka Anjeunna. Anjeunna gé bakal sabar ka maranéhna.
8 Urang ngabéjaan, Anjeunna bakal gancang méré kaadilan ka maranéhna. Tapi, waktu Putra manusa datang, bakal aya kitu jalma nu boga iman kawas kitu* di bumi?”
9 Manéhna gé nyaritakeun hiji ibarat ka jalma-jalma nu ngarasa diri bener jeung sok nyapirakeun batur,
10 ”Aya dua lalaki nu indit ka bait rék ngadoa, nu hiji urang Farisi, nu hiji deui tukang mulung pajeg.
11 Urang Farisi éta nangtung tuluy ngadoa dina haténa, ’Ya Allah, abdi muji sukur lantaran abdi teu siga jalma-jalma séjén, nu sok meres, nu teu jujur, nu sok jinah, malahan teu siga tukang mulung pajeg éta.
12 Abdi puasa dua kali saminggu jeung méré perpuluhan tina sakabéh panghasilan abdi.’
13 Ari si tukang mulung pajeg mah nangtung di nu jauh, ngeluk teu wani tanggah. Bari neunggeulan dada, manéhna ngomong, ’Ya Allah, sing karunya ka abdi, jalma dosa ieu.’
14 Urang ngabéjaan, waktu ninggalkeun bait, jalma ieu dianggap leuwih bener tibatan urang Farisi éta. Sabab saha waé nu munjulkeun diri bakal direndahkeun, jeung saha waé nu ngahandapkeun diri bakal dipunjulkeun.”
15 Harita jalma-jalma marawa barudak leutik sina ditumpangan leungeun jeung diberkahan ku Isa. Ningali kitu, murid-murid nyarékan maranéhna.
16 Tapi, Isa nitah barudak leutik éta dibawa ka manéhna, cenah, ”Antepkeun barudak téh sina daratang ka urang, ulah dihalang-halang, sabab Pamaréntahan Allah téh keur jalma nu siga maranéhna.
17 Sing percaya, saha waé nu teu daék narima Pamaréntahan Allah siga budak leutik, moal bakal asup ka dinya.”
18 Aya salah saurang pamingpin Yahudi nanya kieu, ”Guru Nu Hadé, abdi kudu kumaha supaya bisa ngawaris hirup langgeng?”
19 Ceuk Isa, ”Ku naon manéh bet nyebut urang hadé? Euweuh deui nu hadé mah, ngan Allah.
20 Manéh apal pan paréntah-paréntah ieu: ’Ulah jinah, ulah maéhan, ulah puak-paok, ulah jadi saksi palsu, kudu hormat ka indung bapa’?”
21 Manéhna némbalan, ”Éta kabéh geus dijalankeun ku abdi ti ngongora.”
22 Ngadéngé kitu, Isa ngomong, ”Aya hiji nu kurang: Pék jual kabéh pangaboga manéh, bagikeun hasilna ka nu miskin, ku kituna manéh bakal boga harta di sorga. Geus kitu, hayu jadi murid urang.”
23 Ngadéngé jawabanana, manéhna sedih kabina-bina lantaran manéhna téh beunghar pisan.
24 Isa ningali ka manéhna tuluy ngomong, ”Kacida héséna jelema nu loba duit asup ka Pamaréntahan Allah!
25 Malah, leuwih gampang onta moncor kana liang jarum jait, tibatan jelema beunghar asup ka Pamaréntahan Allah.”
26 Anu ngadaréngéna ngomong kieu, ”Mun kitu, saha nu bisa salamet?”
27 Manéhna ngajawab, ”Hal-hal nu mustahil keur manusa, keur Allah mah henteu.”
28 Terus Pétrus ngomong, ”Urang kabéh geus ninggalkeun pangaboga urang supaya bisa nuturkeun Guru.”
29 Ceuk Isa, ”Sing percaya, saha waé nu geus ninggalkeun imah, atawa pamajikan, atawa dulur, atawa indung bapa, atawa budak demi Pamaréntahan Allah,
30 dina jaman ayeuna gé bakal narima mangkali-kali leuwih loba, jeung dina jaman* nu bakal datang manéhna bakal narima hirup langgeng.”
31 Geus kitu, Isa ngajak 12 rasulna misah ti jalma réa, tuluy ngomong, ”Daréngékeun, ayeuna urang rék ka Yérusalém, jeung sagala nu ditulis ku para nabi ngeunaan Putra manusa bakal laksana.
32 Misalna, manéhna bakal disérénkeun ka jalma-jalma ti bangsa séjén, diléléwé, dihina, jeung diciduhan.
33 Manéhna gé bakal dipecutan, geus kitu dipaéhan, tapi dina poé nu katilu manéhna bakal dihirupkeun deui.”
34 Ari maranéhna teu ngartieun kana hal-hal ieu, sabab hartina omongan éta masih kénéh dirasiahkeun ti maranéhna.
35 Waktu Isa téréh nepi ka Yérikho, aya saurang lalaki lolong nu diuk di sisi jalan keur ménta-ménta.
36 Lantaran ngadéngé loba jalma ngaliwat, manéhna nanyakeun aya naon.
37 Aya nu ngabéjaan manéhna, ”Isa urang Nazarét keur ngaliwat!”
38 Ngadéngé kitu, manéhna ngagorowok, ”Isa, Putra Daud, sing karunya ka abdi!”
39 Jalma-jalma nu leumpang panghareupna nyarékan manéhna sina jempé. Tapi, manéhna kalah ka beuki tarik ngagorowokna, ”Putra Daud, sing karunya ka abdi atuh!”
40 Tuluy Isa eureun jeung nitah sangkan lalaki éta dibawa ka manéhna. Waktu geus deukeut, Isa nanya ka manéhna,
41 ”Akang téh hayang naon?” Ceuk jalma nu lolong éta, ”Juragan, abdi hayang bisa ningali deui.”
42 Jadi Isa ngomong, ”Heug, sing bisa ningali. Akang cageur lantaran boga iman.”
43 Manéhna langsung bisa ningali, tuluy nuturkeun Isa bari ngamulyakeun Allah. Kabéh jalma nu ningali hal ieu gé maruji Allah.
Catetan Tambihan
^ Atawa ”neunggeulan aing bébéakan”.
^ As. ”nu boga iman”.
^ Atawa ”sistim dunya”. Tingali Daptar Istilah.