Nu Ditulis ku Lukas 4:1-44
4 Tuluy Isa nu pinuh ku kawasa suci indit ti Walungan Yordan. Manéhna ditungtun ku kawasa suci ka gurun keusik
2 jeung cicing di ditu salila 40 poé. Di ditu, manéhna digoda ku Iblis. Salila éta, manéhna teu dahar nanaon, jadi sanggeusna manéhna lapar.
3 Tuluy Iblis ngomong ka manéhna, ”Lamun bener manéh putra Allah, coba ieu batu jadikeun roti.”
4 Tapi ku Isa dijawab, ”Aya ayat nu nyebutkeun, ’Manusa téh hirup lain ku dahareun* hungkul.’”
5 Jadi, Iblis mawa manéhna ka tempat nu luhur, tuluy sakolébat némbongkeun sakabéh karajaan di dunya.
6 Ceuk Iblis, ”Kakawasaan kana ieu kabéh jeung kamulyaanana bakal dibikeun ka manéh, sabab éta kabéh geus dipasrahkeun ka urang jeung bisa dibikeun ka saha waé sakahayang urang.
7 Jadi, lamun manéh daék nyembah sakali waé ka urang, éta kabéh bakal dibikeun ka manéh.”
8 Dijawab ku Isa, ”Aya ayat nu nyebutkeun, ’Manéh kudu nyembah ka Yéhuwa, Allah manéh. Ngan ka Anjeunna manéh kudu ngawula.’”
9 Ti dinya Isa dibawa ka Yérusalém, ka puncak bait, tuluy Iblis ngomong, ”Lamun manéh bener putra Allah, sok ngajleng ti dieu,
10 pan aya ayat nu nyebutkeun, ’Allah bakal maréntahkeun para malaikat-Na nyalametkeun manéh, ngajaga manéh,’
11 jeung, ’Maranéhna bakal nyanggap manéh supaya suku manéh teu tigasruk kana batu.’”
12 Isa ngajawab, ”Aya ayat nu nyebutkeun, ’Ulah nguji Yéhuwa, Allah manéh.’”
13 Jadi sanggeus bérés ngagoda Isa, Iblis indit ninggalkeun manéhna bari ngadagoan kasempetan séjén nu cocog.
14 Isa, nu pinuh ku kawasa suci, ayeuna balik ka Galiléa. Béja alus ngeunaan manéhna nyebar ka sakuliah daérah éta.
15 Manéhna gé mulai ngajar di tempat-tempat ibadah, jeung dihormat ku kabéh jalma.
16 Manéhna tuluy indit ka Nazarét, tempat manéhna digedékeun. Sakumaha kabiasaanana dina poé Sabat, manéhna asup ka tempat ibadah tuluy nangtung pikeun maca Kitab Suci.
17 Manéhna diasongan gulungan Nabi Yésaya. Gulunganana dibuka jeung manéhna manggihan ayat ieu,
18 ”Yéhuwa méré kawasa suci-Na ka kuring, sabab Anjeunna ngalantik kuring pikeun nguarkeun warta hadé ka nu miskin. Anjeunna ngutus kuring pikeun ngabéwarakeun yén para tawanan bakal dileupaskeun, nu lalolong bakal dibareuntakeun, nu ditindes bakal dibébaskeun,
19 jeung pikeun ngawartakeun mangsana Yéhuwa ngaberkahan jalma-jalma.”
20 Ku manéhna, gulunganana digulung tuluy dibikeun deui ka patugas. Manéhna diuk, bari dipelong ku sakabéh nu hadir di tempat ibadah.
21 Tuluy manéhna ngomong, ”Poé ieu, ayat nu bieu didéngé ku maranéh geus laksana.”
22 Maranéhna kabéh muji-muji Isa, jeung tarajubeun kana kekecapan manéhna nu sakitu alusna, tuluy pada ngaromong kieu, ”Manéhna téh anakna Yusuf téa lain?”
23 Ngadéngé kitu manéhna ngomong, ”Pasti maranéh rék nerapkeun paribasa ieu ka urang, ’Tabib, cageurkeun heula diri sorangan,’ jeung maranéh bakal ngomong, ’Hal-hal nu cenah mah dipigawé di Kapernaum téh lakukeun ogé di dieu, di lembur sorangan.’”
24 Manéhna ngomong deui, ”Sabenerna, euweuh nabi nu dihargaan di lemburna sorangan.
25 Misalna, dina jaman Élia, aya loba randa di Israél waktu hujan teu turun-turun nepi ka tilu satengah taun, jeung aya kalaparan nu parah di sakuliah nagri.
26 Tapi Élia teu diutus ka randa-randa éta, diutusna téh ngan ka saurang randa di Zaréfat di nagri Sidon.
27 Salian ti éta, dina jaman Nabi Élisa, aya loba jalma nu boga panyakit kusta, tapi euweuh nu dicageurkeun, ngan Naaman urang Siria.”
28 Kabéh nu aya di tempat ibadah, nu ngadéngé omongan éta, kacida arambekeunana.
29 Maranéhna carengkat, gancang mawa Isa ka luar kota. Kota maranéhna téh aya di luhureun gunung, jadi Isa dibawa ka sisi jurang rék disuntrungkeun.
30 Tapi manéhna norobos jalma réa, tuluy indit ti dinya.
31 Geus kitu, manéhna turun ka kota Kapernaum, di Galiléa. Manéhna ngajar jalma-jalma dina poé Sabat.
32 Jalma-jalma tarajub kana cara manéhna ngajar lantaran nu diucapkeun ku manéhna asalna ti Allah.*
33 Harita di tempat ibadah, aya lalaki nu kasurupan ku roh jahat. Manéhna ngagorowok,
34 ”Héh! Rék naon manéh ka dieu, Isa urang Nazarét? Rék ngabinasakeun urang? Urang nyaho pisan manéh téh Nu Suci utusan Allah!”
35 Tapi ku Isa dibentak, ”Jempé, kaluar ti manéhna!” Sanggeus lalaki éta dibeubeutkeun di tengah jalma-jalma, roh jahatna kaluar tapi manéhna teu dikua-kieu.
36 Ningali kitu, maranéhna kabéh arolohokeun jeung pada ngomong kieu, ”Hébat pisan omonganana! Kawasana gé gedé pisan, roh jahat dititah indit téh indit!”
37 Ti dinya, béja ngeunaan manéhna nyebar ka mamana nepi ka sakuliah daérah éta.
38 Ti tempat ibadah, Isa indit ka imahna Simon. Mitohana Simon nu awéwé keur muriang parah, jeung Isa dipénta nulungan manéhna.
39 Jadi Isa nangtung di gigireun manéhna jeung nyageurkeun panyakit muriangna. Harita kénéh manéhna hudang tuluy ngaladénan saréréa.
40 Sanggeus surup panonpoé, kabéh jalma nu di imahna aya nu gering mawa jalma gering éta ka Isa, panyakitna téh rupa-rupa. Maranéhna dicageurkeun hiji-hiji ku cara ditumpangan leungeun ku Isa.
41 Manéhna ogé ngusir roh-roh jahat ti loba jalma. Roh-roh éta ngagorowok, ”Manéh téh Putra Allah.” Tapi ku Isa dibentak, dititah jempé, lantaran maranéhna nyahoeun manéhna téh Al-Masih.
42 Isukna pas meleték panonpoé, Isa indit ka tempat nu sepi. Tapi, jalma réa néangan manéhna. Pas kapanggih, Isa ditahan-tahan ngarah teu indit.
43 Tapi manéhna ngomong ka maranéhna, ”Urang gé kudu ngawawarkeun warta hadé ngeunaan Pamaréntahan Allah ka kota-kota séjén, lantaran éta tujuan urang diutus.”
44 Jadi, manéhna indit ngawawar ka tempat-tempat ibadah di Yudéa.