Siloka 21:1-31
21 Haté raja téh aya dina panangan Yéhuwa,
Kawas cai walungan nu dikocorkeun ka mana waé sakahayang Anjeunna.
2 Aya nu ngarasa sagala lampahna téh geus bener,Tapi nu mariksa haté* mah da Yéhuwa.
3 Tibatan ngabaktikeun korban,Ngalampahkeun nu bener jeung adil téh leuwih nyenangkeun Yéhuwa.
4 Panon nu sombong jeung haté nu angkuh téh dosa.
Éta ibarat lampu nu nungtun jalma jahat.
5 Rencana nu dijieun ku nu getol mah tangtu nguntungkeun,Tapi nu gurunggusuh mah pasti malarat.
6 Kabeungharan beunang teu jujur téhKawas halimun anu les leungit, kawas jiret pipaéheun.*
7 Nu jahat bakal cilaka ku kajahatanana sorangan,Sabab maranéhna mah pantrang kana lampah bener.
8 Jalan hirup jalma doraka téh nyimpang,Tapi nu bersih haténa mah lampahna bener.
9 Mending kénéh cicing di juru hateup*Tibatan saimah jeung pamajikan anu resep paséa.
10 Jalma jahat kabeukina téh kajahatan,Ka batur meni taya karunyana.
11 Lamun jalma nu sok moyokan dihukum, jalma nu teu boga pangalaman téh bisa mikir jeung beuki bijaksana.
Terus lamun jalma bijaksana narima pangarti, manéhna nyaho naon nu kudu dilampahkeun.
12 Allah nu adil nilik-nilik rumah tanggana jalma jahat,Seug numpes maranéhna.
13 Jalma nu embung ngadéngé jumeritna jalma leutik,Engké mun manéhna sasambat ménta tulung, moal aya nu ngajawab.
14 Hadiah nu dibikeunna susulumputan téh nenangkeun jalma nu keur ambek,Panyogok nu dibikeunna cicing-cicing* téh nenangkeun jalma nu amarahna ngagedur.
15 Jalma bener mah mun ngajalankeun kaadilan téh atoh,Sabalikna keur nu lalampahanana jahat mah éta téh pikasebeleun.
16 Jelema anu pangartina geus tara dipaké mahTungtungna bakal babarengan jeung nu maraot.
17 Jelema anu karesepna senang-senang téh bakal malarat,Nu kabeukina cianggur jeung minyak téh moal beunghar-beunghar.
18 Jalma jahat bakal jadi tebusan keur jalma bener,Tukang ngahianat bakal jadi tebusan keur jalma jujur.
19 Mending kénéh cicing di tanah gurunTibatan hirup bareng jeung pamajikan anu pundungan jeung resep paséa.
20 Harta jeung minyak nu mahal ayana di imah jalma bijaksana,Ari nu bodo mah ngahambur-hambur* pangabogana.
21 Jelema nu hayangna téh ngalampahkeun nu bener jeung nunjukkeun kanyaah*Bakal jadi jalma bener, dihormat, jeung terus hirup.
22 Jalma nu bijaksana mah bisa nalukkeun* kotana jalma-jalma perkasaJeung ngarugrugkeun bénténg pertahanan andelan maranéhna.
23 Jalma nu ngajaga biwir jeung létahna téhNyingkahan masalah.
24 Nu asa aing jeung gagabah téhDisebut jalma lancang nu sombong jeung gedé omong.
25 Nu kedul mah bakal dipaéhan ku kahayangna sorangan,Sabab manéhna teu daék digawé.
26 Sapoé jeput gawéna téh ngan ngalamun hayang boga itu ieu.
Sabalikna, jalma bener mah resep barangbéré.
27 Korban nu dibaktikeun ku jalma jahat téh pikageuleuheun,
Komo deui lamun nu méréna téh boga niat goréng.*
28 Saksi nu ngabohong bakal binasa,Sabalikna jalma nu bener-bener ngadéngékeun mah kateranganana moal gagal.
29 Jelema jahat mah kandel kulit beungeut,Tapi jelema bener mah lalampahanana geus pasti bener.*
30 Euweuh kabijaksanaan, pangarti, atawa naséhat nu bisa ngalawan kahayang Yéhuwa.
31 Kuda disiapkeun pikeun poé peperangan,Tapi kaunggulan mah asalna ti Yéhuwa.
Catetan Tambihan
^ Atawa ”niat haté”.
^ Atawa bisa jadi ”keur jalma nu néangan pati”.
^ Harita, kalolobaan imah hateupna téh rata, siga loténg nu sok dipaké keur rupa-rupa kagiatan.
^ As. ”Panyogok nu disumputkeun dina dada”.
^ As. ”neleg”.
^ Atawa ”asih satia”.
^ Atawa ”nérékél kana”.
^ Atawa ”nu méréna téh kalakuanana ngérakeun”.
^ Atawa ”mastikeun lalampahanana téh bener”.