Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Naon Pangaruh Téknologi ka Perkawinan Anjeun?

Naon Pangaruh Téknologi ka Perkawinan Anjeun?

Lamun dipakéna bener mah, téknologi bisa nguatkeun hubungan salaki pamajikan. Contona, maranéhna bisa tetep silih méré kabar sanajan keur teu babarengan.

Tapi lamun cara makéna salah, téknologi bisa mawa masalah ieu . . .

  • méakkeun waktu nu sakuduna dipaké keur babarengan.

  • mamawa pagawéan nu sakuduna teu digawékeun di imah.

  • jadi silih curiga, malahan mah teu satia.

NA ANJEUN APAL?

WAKTU BABARENGAN

Saurang salaki nu ngaranna Michael ngomong, ”Kadang waktu keur babarengan jeung pamajikan, urang téh sok dianggap euweuh. Manéhna sibuk maén HP-na. Mun ditanya, manéhna sok ngomong, ’Asa karék muka HP da.’” Saurang salaki nu ngaranna Jonathan nyebutkeun, kadang waktu keur babarengan gé, salaki pamajikan bisa ngarasa jauh, asa siga aya di tempat nu béda.

PÉK PIKIRKEUN: Sakumaha sering notifikasi, chat, atawa telepon ngaganggu waktu Anjeun keur babarengan jeung pasangan?—ÉFÉSUS 5:33.

PAGAWÉAN

Sababaraha jalma kudu siap narima telepon atawa ngajawab e-mail ti kantor iraha waé, sabab mémang pagawéanana nungtut siga kitu. Aya deui nu geus kabiasaan mamawa pagawéanana ka imah, padahal pagawéanana teu pati loba. Saurang salaki nu ngaranna Lee ngomong, ”Sok hésé teu ningali HP mun aya telepon atawa chat ti pagawéan, padahal urang geus nyadiakeun waktu keur pamajikan.” Saurang pamajikan nu ngaranna Joy ngomong, ”Abdi téh digawé di imah, kadang sok teu sadar mun kuduna geus bérés digawé. Rada hésé saimbang digawé téh.”

PÉK PIKIRKEUN: Na Anjeun bener-bener ngadéngékeun waktu pasangan anjeun keur nyarita? —LUKAS 8:18.

KASATIAAN

Loba jalma ngomong yén maranéhna sok paséa lantaran curiga ka nu dilakukeun ku pasanganna di média sosial. Malahan, aya nu cicing-cicing nyieun postingan di média sosial lantaran embung pasanganna apaleun.

Sababaraha jalma nganggap aya loba ranjau di média sosial, lantaran aya loba bahaya nu teu katingali keur nu geus nikah. Malahan mah, ku ayana média sosial jalma-jalma leuwih gampang pikeun ngalakukeun hal-hal cabul. Jadi teu héran, saurang pangacara nyebutkeun yén média sosial geus nyababkeun loba papegatan.

PÉK PIKIRKEUN: Na Anjeun sok susulumputan chattingan jeung lawan jenis nu lain batur hirup?​—SILOKA 4:23.

NAON NU BISA DILAKUKEUN?

PIHEULAKEUN NU LEUWIH PENTING

Jalma nu tara dahar pasti moal séhat. Kitu oge jeung jalma nu tara nyadiakeun waktu keur pasanganna, tangtu perkawinanana moal séhat.—Éfésus 5:28, 29.

PRINSIP KITAB SUCI: ’Pastikeun hal-hal nu leuwih penting.’​—FILIPI 1:10.

Pilih saran di handap, atawa tuliskeun naon nu rék Anjeun lakukeun supaya téknologi teu ngaganggu perkawinan Anjeun.

  • Dahar babarengan sahenteuna sakali sapoé

  • Tangtukeun iraha Anjeun duaan moal make gadget

  • Jadwalkeun waktu husus keur duduaan jeung pasangan

  • Mun rék saré, pareuman jeung simpen jauh-jauh gadget Anjeun ti tempat saré

  • Unggal poé, pareuman gadget salila 15 menit supaya Anjeun bisa ngobrol jeung pasangan bari teu kaganggu

  • Dina sapoé, tangtukeun waktu keur mareuman Internét