Ku Naon Loba Jalma Silih Mikaijid?
Ku naon loba jalma di dunya ieu silih mikaijid? Supaya apal alesanana, urang kudu nyaho naon hartina mikaijid, ku naon saurang jalma bisa ijid ka batur, jeung kumaha parasaan ieu bisa nyebar ka mana-mana.
Naon Mikaijid téh?
Mikaijid téh nyaéta ngéwa pisan atawa ngamusuhan hiji atawa sakelompok jalma. Ieu téh leuwih parah tibatan parasaan ambek nu biasana mah sakeudeung gé leungit.
KU NAON SAURANG JALMA BISA IJID KA BATUR?
Aya loba alesanana. Biasana manéhna mikaijid jalmana, lain kalakuanana. Jalma nu dipikaijid téh bakal dicap goréng, sok ngalakukeun nu jahat, atawa teu bisa barobah. Manéhna gé bakal dipandang rendah, ngabahayakeun batur, jeung pimasalaheun. Jalma nu ijid ka batur biasana pernah ngalaman kateuadilan, kakerasan, atawa hal séjénna. Éta sababna manéhna jadi babari mikaijid batur.
KUMAHA SIKEP MIKAIJID BISA NYEBAR?
Sakapeung saurang jalma bisa mikaijid batur, padahal mah can pernah panggih. Misalna, lamun saurang jalma boga pandangan ngeunaan hiji kelompok, pasti anggota kulawargana gé bakal boga pandangan nu sarua. Jadi lamun aya jalma nu mikaijid hiji kelompok, kabéh anggota kulawargana gé bakal milu ijid ka kelompok éta.
Lantaran urang geus apal sakumaha gampangna sikep ijid nyebar, urang teu héran ningali loba jalma silih mikaijid. Supaya apal carana nyingkirkeun parasaan ijid ti dunya ieu, urang perlu nyaho ti mana asalna parasaan ijid. Caritana aya dina Kitab Suci.
KITAB SUCI MÉRÉ NYAHO ASALNA PARASAAN IJID
ASALNA TÉH LAIN TI MANUSA. Nu pangmimitina mikaijid téh saurang malaikat nu ngabarontak ka Gusti, nyaéta Sétan si Iblis. Ti mimiti ngabarontak, si Iblis téh geus jadi ”tukang maéhan”. Manéhna gé mindeng nyababkeun kajahatan jeung nyebarkeun sikep ijid. Jadi cocog mun manéhna disebut ”tukang bohong, jeung bapana tukang bohong”. (Yahya 8:44; 1 Yahya 3:11, 12) Kitab Suci ngajelaskeun manéhna téh jahat, gedé ambek, jeung kasar.—Ayub 2:7; Wahyu 12:9, 12, 17.
MANUSA NU TEU SAMPURNA BABARI IJID KA BATUR. Manusa nu mimiti, nyaéta Adam, nuturkeun dosa nu Sétan lakukeun. Hasilna kabéh manusa ngawaris dosa jeung kateusampurnaan. (Roma 5:12) Kain, budak Adam nu mimiti, ijid ka adina nyaéta Habél. Jadi, Kain maéhan adina sorangan. (1 Yahya 3:12) Mémang aya loba jalma nu nyaahan jeung bageur. Tapi lantaran geus ngawaris dosa, aya loba ogé jalma anu mentingkeun diri, sirikan, jeung sombong. Sipat-sipat éta ngalantarankeun maranéhna babari mikaijid batur.—2 Timotius 3:1-5.
JALMA NU SOK NGABEDA-BEDA LEUWIH BABARI MIKAIJID. Ayeuna, kalakukan jeung sipat nu jahat aya di mana-mana. Ku kituna loba jalma jadi silih mikaijid. Sikep sok ngabéda-bédakeun, kateuadilan, hinaan, bully-an, jeung vandalisme bisa kajadian lantaran ”sakuliah dunya dikawasaan ku si jahat”, nyaeta Sétan si Iblis.—1 Yahya 5:19.
Kitab Suci teu ngan méré nyaho asalna parasaan ijid hungkul, tapi ogé méré jalan kaluarna.