Naha Sadérék Terang?
Kumaha jalma-jalma di jaman baheula iinditan maké kapal laut?
UMUMNA di jaman Paulus, euweuh kapal laut nu husus mawa panumpang. Jadi sangkan bisa iinditan maké kapal laut, saurang jalma kudu tatanya naha aya kapal dagang atawa kapal barang nu indit ka tempat nu rék dituju ku manéhna jeung daék mawa panumpang. (Ras. 21:2, 3) Sanajan kapal éta tujuanana béda, manéhna bisa turun di palabuhan nu diliwatan, terus néangan kapal séjén nu tujuanana leuwih deukeut ka tempat nu rék dituju ku manéhna.—Ras. 27:1-6.
Iinditan maké kapal téh usum-usuman, jadwalna gé teu angger. Kapal bisa telat inditna lain lantaran cuaca goréng wungkul, tapi ogé lantaran tahayul. Misalna, maranéhna moal indit lamun ningali gagak ngelak di tali-tali kapal atawa ningali kapal ruksak di basisir. Para palaut ngandelkeun angin pisan, jadi lamun anginna keur alus, kakara balayar. Sanggeus manggihan kapal nu rék ditumpakan, panumpang kudu mawa barang-barangna ka deukeut palabuhan bari ngadagoan pangumuman iraha kapalna indit.
Ceuk ahli sajarah Lionel Casson, ”Di Roma mah iinditan maké kapal téh leuwih gampang, jalma-jalma teu kudu néangan sorangan kapalna. Palabuhanana aya di muara Walungan Tiber. Di deukeutna, di kota Ostia, aya lapangan gedé nu dikurilingan ku kantor-kantor. Lolobana mah dipimilik ku pausahaan-pausahaan nu ngirim barang ka loba palabuhan: nu hiji ngirim ka Narbonne [ayeuna mah Prancis], nu hiji ngirim ka Kartago [ayeuna mah Tunisia], . . . kitu saterusna. Jadi, jalma nu rék numpak kapal bisa langsung nanyakeun ka kantor nu tujuanana sajalan jeung manéhna.”
Iinditan maké kapal téh ngirit waktu, tapi ogé bahaya. Sababaraha kali, kapal nu ditumpakan ku Paulus dina perjalanan misionarisna tilelep.—2 Kor. 11:25.