KAWIH 100
Sing Akuan ka Batur
-
1. Yéhuwa téh Allah nu saé manah,
Ka kabéh jalma némbongkeun kanyaah.
Mantenna masihan
panas sarta hujan,
Sagala pangabutuh urang.
Upama urang nyaah ka nu lemah,
Urang salaku putra, nyonto Allah.
Huwa ngaberkahan
kabéh kahadéan
Nu réla dilampahkeun urang.
-
2. Urang teu nyaho kumaha hasilna
Mun urang ngabantu anu sangsara,
Nulung ka nu butuh,
nalang ka nu susah,
Sanajan lain batur urang.
Saperti Lidia anu soméah,
Urang gé hayang akuan ka sémah.
Bapa di sawarga
tangtuna uninga
Ka nu nyonto welas asih-Na.
(Tingali ogé Ras. 16:14, 15; Rum 12:13; 1 Tim. 3:2; Ibr. 13:2; 1 Pet. 4:9.)