Pindah kana eusi

Naha Saksi-Saksi Yéhuwa Maksa Budakna Jadi Saksi Yéhuwa Ogé?

Naha Saksi-Saksi Yéhuwa Maksa Budakna Jadi Saksi Yéhuwa Ogé?

 Henteu, lantaran ibadah ka Allah téh putusan pribadi. (Rum 14:12) Saksi-Saksi Yéhuwa ngajar budakna prinsip-prinsip Alkitab. Tapi sanggeus budakna gedé, masing-masing kudu nyieun putusan, naha bakal jadi Saksi Yéhuwa atawa henteu.—Rum 12:2; Galata 6:5.

 Saperti kalolobaan kolot séjénna, Saksi-Saksi Yéhuwa hayang méré nu panghadéna keur budakna. Maranéhna ngajarkeun hal-hal nu mawa mangpaat ka budakna, misalna katarampilan, prinsip moral, jeung pangajaran agama. Saksi-Saksi Yéhuwa percaya yén Alkitab ngajarkeun cara nu panghadéna pikeun ngajalankeun kahirupan, jadi maranéhna sabisa-bisa ngajarkeun Alkitab ka budakna jeung ngajak manéhna ka pasamoan ibadah. (Pamindo 6:6, 7) Waktu budak geus gedé, masing-masing bisa nyieun putusan dumasar kana pangajaran nu geus ditarima, naha manéhna bakal miluan kapercayaan kolotna atawa henteu.

 Naha Saksi-Saksi Yéhuwa ngabaptis orok?

 Henteu. Alkitab teu satuju kana baptisan orok. Aya conto dina Alkitab nu nyaritakeun yén saacan dibaptis, urang Kristen di abad kahiji ngadéngékeun warta, ”palercaya”, tuluy tobat. (Rasul 2:14, 22, 38, 41) Ku kituna pikeun dibaptis, saurang jalma kudu cukup umur heula supaya bisa paham jeung percaya kana pangajaran Alkitab, jeung kudu ngalampahkeun pangajaranana. Ieu téh hal-hal nu teu bisa dilakukeun ku orok.

 Waktu saurang budak geus cukup umur, bisa jadi manéhna mutuskeun pikeun dibaptis. Tapi pikeun dibaptis, manéhna kudu ngarti kana ikrar nu dijieun.

 Naha Saksi-Saksi Yéhuwa ngajauhan budakna lamun teu daék dibaptis?

 Henteu. Sanajan para kolot Saksi ngarasa sedih lamun budakna teu boga kapercayaan nu sarua, maranéhna tetep nyaah ka budakna jeung moal megatkeun hubungan ngan lantaran budakna embung jadi Saksi Yéhuwa.

Teu sual umurna, unggal jalma kudu mutuskeun sorangan naha rék dibaptis atawa henteu

 Ku naon Saksi-Saksi Yéhuwa mawa budakna waktu nginjil?

 Aya sababaraha alesan urang ngajak budak nginjil. a

  •   Alkitab maréntahkeun kolot pikeun ngajar budakna ngeunaan Allah jeung ngalatih maranéhna pikeun ibadah ka Mantenna. (Epesus 6:4) Lantaran ibadah téh kaasup nyaritakeun kapercayaan ka jalma-jalma, nginjil téh jadi bagian penting pikeun ngajar budak ngeunaan Allah.—Rum 10:9, 10; Ibrani 13:15..

  •   Alkitab ngajurung budak ngora pikeun ”muji jenengan PANGERAN”. (Jabur 148:12, 13) Cara penting pikeun muji Allah nyaéta ku cara méré nyaho batur ngeunaan Mantenna. b

  •   Budak meunangkeun mangpaat waktu nginjil jeung kolotna. Misalna, manéhna diajar komunikasi jeung rupa-rupa jalma. Manéhna diajar sipat-sipat saperti sabar, bageur, hormat, jeung teu mentingkeun diri. Manéhna ogé bisa leuwih paham kana pangajaran Alkitab nu jadi dasar imanna.

 Naha Saksi-Saksi Yéhuwa ngarayakeun hari raya?

 Saksi-Saksi Yéhuwa teu ngarayakeun hari raya agama atawa hari raya séjénna nu teu nyenangkeun Allah. c (2 Korinta 6:14-17; Epesus 5:10) Contona, urang teu ngarayakeun ulang taun atawa Natal, sabab urang Kristen nu mimiti mah teu ngarayakeunana.

 Sanajan kitu, urang sok ngagunakeun waktu jeung kulawarga sarta resep barang béré ka budak. Ti batan tanggal-tanggal nu nangtukeun iraha urang kumpul jeung barang béré, urang mah osok ngumpul jeung méré hadiah iraha waé sapanjang taun.

Para kolot Kristen resep barang béré ka budakna

a Umumna, budak Saksi henteu miluan nginjil mun teu dibaturan ku kolotna atawa jalma déwasa séjénna.

b Alkitab nyaritakeun sababaraha budak nu nyenangkeun Allah ku cara méré nyaho batur ngeunaan naon nu dipercaya ku manéhna.—2 Raja 5:1-3; Mateus 21:15, 16; Lukas 2:42, 46, 47.

d Sababaraha ngaran geus diganti.