Pindah kana eusi

Sadérék-Sadérék nu Ngarélakeun Diri ka Albania jeung Kosovo

Sadérék-Sadérék nu Ngarélakeun Diri ka Albania jeung Kosovo

 ”Abdi teu pernah kapikir bisa ngawula Yéhuwa jiga kieu,” kitu ceuk Gwen nu asalna ti Inggris. Éta téh parasaanana lantaran bisa ngawula Yéhuwa di tempat nu leuwih ngabutuhkeun loba pawarta, nyaéta di Albania. a

 Gwen téh salah sahiji Saksi nu pindah ka Albania pikeun ngabantu ngumpulkeun ’kakayaan’ ti sagala bangsa. (Hagai 2:7) Naon nu ngajurung para pawarta pikeun pindah ka dieu? Parobahan naon nu kudu dilakukeun ku maranéhna pikeun pindah? Terus, sanajan aya tangtangan, maranéhna bisa ngarasakeun suka bungah naon?

Kaayaanana Béda, Kahayangna Sarua

 Kabéh pawarta nu pindah ka Albania téh boga alesan nu sarua: Maranéhna téh nyaah ka Yéhuwa jeung hayang mantuan batur supaya kenal ogé ka Anjeunna.

 Saacan pindah, maranéhna geus ngalakukeun loba hal dina palayanan. Éta nu ngabantu maranéhna bisa nyanghareupan tangtangan di nagri séjén. Ceuk Gwen, ”Baheulana, abdi ngagabung di kelompok basa Albania di kota abdi. Terus, abdi pernah ka Albania pikeun miluan kongrés. Geus kitu, abdi sempet balik deui ka Albania pikeun ngalancarkeun basa Albania abdi.”

Gwen

 Waktu umur 23, Manuela pindah ka daérah séjén di nagrina, Italia, pikeun ngabantu sidang nu leutik. Ceuk manéhna, ”Di ditu abdi ngawula salila opat taun. Terus abdi dibéré nyaho yén di Albania téh aya kabutuhan nu leuwih gedé. Jadi, abdi nyoba naratas di ditu sababaraha bulan.”

Manuela (Tengah)

 Waktu umur tujuh taun, Federica ngadéngé laporan ngeunaan Albania di kongrés. Manéhna nyarita, ”Sadérék nu nepikeun laporan éta nyaritakeun yén pawarta-pawarta di Albania boga loba palajar Alkitab. Geus kitu, jalma-jalma nu minat téh pada dararatang ka pasamoan. Jadi abdi méré nyaho kolot abdi, abdi téh hayang ngawula di Albania. Waktu dibéré nyaho, kolot abdi téh reuwas. Tapi si Bapa ngomong, ’Enya doakeun wéh, lamun éta kahayang Yéhuwa pasti bakal didéngékeun.’ Ari pék téh sababaraha bulan sanggeusna, urang sakulawarga diondang pikeun ngawula di Albania!” Ayeuna, Federica geus nikah jeung Orges. Maranéhna ngawula sabagé palayan sapinuh waktu di Albania.

Orges jeung Federica

 Sanggeus pénsiun, Gianpiero jeung pamajikanana, Gloria, pindah ka Albania. Ceuk manéhna, ”Urang téh cicing di Italia jeung boga lima budak. Tilu di antarana pindah ka nagri séjén nu leuwih ngabutuhkeun loba pawarta. Terus urang duaan gé jadi kageuing pikeun pindah ka tempat séjén waktu maca artikel Menara Pengawal nu judulna ’Bisakah Saudara Melangkah ke Makedonia?’ Urang mulai mikirkeun pikeun pindah ka Albania maké duit pénsiun abdi.”

Gianpiero jeung Gloria

Maranéhna Bener-Bener Nyiapkeun Diri

 Maranéhna kudu nyieun parobahan sarta nyiapkeun diri saacan pindah ka tempat séjén. (Lukas 14:28) Salah sahijina, maranéhna kudu mastikeun boga cukup duit pikeun cicing di tempat nu anyar. Basa masih di Inggris, Gwen, nu tadi dicaritakeun, pindah ka tempat lanceukna supaya bisa nabung. Sophia jeung Christopher nu asalna ti Inggris gé nyarita, ”Urang ngajual mobil jeung sababaraha parabot imah supaya urang bisa cicing di Albania sahenteuna salila sataun.” Ari pék téh maranéhna bisa cicing leuwih lila ti nu dipiharep.

Christopher jeung Sophia

 Aya ogé pawarta nu cicing di Albania pikeun sababaraha bulan terus balik ka nagri asalna pikeun digawé jeung néangan duit. Geus kitu, maranéhna bakal balik deui ka Albania. Ieu nu dilakukeun ku Eliseo jeung Miriam. Eliseo nyarita, ”Miriam téh asalna ti daérah nu loba turis di Italia, jadi gampang pikeun néangan pagawéan nu kontrakna ngan sakeudeung. Dina usum panas, urang bakal digawé di ditu salila tilu bulan. Geus kitu, duitna bakal dipaké pikeun cicing di Albania salila salapan bulan. Ieu téh geus dilakukeun salila lima taun.”

Miriam jeung Eliseo

Nyanghareupan Tangtangan

 Sanggeus pindah, maranéhna kudu nyaluyukeun diri jeung kaayaan di ditu. Tapi, maranéhna bisa nyanghareupan tangtangan éta ku lantaran aya bantuan ti dulur-dulur saiman di ditu. Sophia, nu dicaritakeun saacanna, nyarita kieu, ”Musim tiris di Albania téh leuwih tiris tibatan di daérah abdi. Jadi, abdi merhatikeun cara papakéan dulur-dulur di dieu jeung nuturkeunana.” Grzegorz jeung Sona, pamajikanana, nu asalna ti Polandia, ngabantu hiji kota nu éndah, nyaéta Prizren di Kosovo. b Ceuk Grzegorz, ”Dulur-dulur di dieu téh meni rendah haté, bageur, jeung sabar. Maranéhna ngabantu urang pikeun diajar basa maranéhna jeung nu séjénna. Misalna, maranéhna nunjukkeun toko nu barang-barangna murah, jeung maranéhna gé ngajarkeun kumaha carana meuli kabutuhan sapopoé di pasar.”

Aya Loba nu Pikabungaheun

 Para Saksi nu pindah ka nagri séjén téh bisa kenal sarta nyobat jeung dulur-dulur saiman di ditu. Sona nyarita, ”Abdi ningali kumaha kanyaah ti Yéhuwa bisa ngarobah kahirupan jalma-jalma. Iman abdi jadi leuwih kuat lantaran ningali dulur-dulur saiman di dieu téh daék ngarobah kapercayaan jeung kahirupanana sanggeus diajar ngeunaan Yéhuwa. Di sidang gé, urang ngarasa dibutuhkeun jeung nyaho naon nu bisa dilakukeun pikeun mantuan sidang. Salian jadi batur ngawula, dulur-dulur saiman téh jadi sobat urang ogé.” (Markus 10:29, 30) Gloria nyarita, ”Abdi kenal ka sadérék-sadérék istri nu tinggal di lingkungan nu masarakatna téh kasar pisan ka Saksi Yéhuwa. Tapi maranéhna tetep tabah. Abdi tajub pisan ningali sakumaha nyaah maranéhna ka Yéhuwa.”

Grzegorz jeung Sona

 Sadérék-sadérék nu pindah ka daérah séjén téh bisa diajar hal-hal anyar nu bisa jadi moal dirasakeun lamun tetep aya di daérahna sorangan. Misalna, maranéhna meureun hésé pikeun ngorbankeun kahirupanana nu ngeunah. Tapi lantaran daék ngalakukeun leuwih loba keur Yéhuwa, maranéhna jadi leuwih suka bungah. Stefano nyaritakeun, ”Di nagri abdi, abdi biasa ngawawar maké interkom, ngomongna gé ngan sakeudeung. Tapi di Albania, jalma-jalmana téh resep ngobrol, komo deui lamun bari ngopi. Ari abdi téh jalmana éraan pisan, jadi abdi sok teu nyaho kudu ngomong naon. Tapi ka dieunakeun, abdi diajar pikeun leuwih merhatikeun batur. Ayeuna abdi jadi resep ngobrol jeung jalma-jalma. Dines abdi téh karasa jadi leuwih pikaresepeun.”

Alida jeung Stefano

 Leah jeung salakina, William, ti Amerika Serikat pindah ka Albania. Ceuk Leah, ”Ngawula di dieu téh ngarobah cara pikir jeung kahirupan abdi. Urang diajar pikeun leuwih soméah, ngahargaan batur, sarta carana nyobat jeung batur. Di dieu gé, urang diajar cara nu anyar pikeun ngawawar, mukakeun ayat-ayat Alkitab, jeung ngungkabkeun diri abdi.” Ceuk William, ”Biasana jalma-jalma nu ka Albania téh resep kana basisirna nu éndah pisan, tapi ari abdi mah resep naék gunung di Pagunungan Alpen Albania nu loba batu. Tapi nu paling dipikaresep téh, nya jalma-jalma di dieu. Di daérah dines abdi téh aya loba kampung-kampung nu ngan diwawaran lamun aya kagiatan husus hungkul. Jadi mun ka ditu, sapoé téh ngan bisa ngobrol jeung sababaraha kulawarga hungkul.”

William jeung Leah

 Suka bungah nu panggedéna téh waktu ningali aya loba jalma nu narima warta hadé. (1 Tésalonika 2:19, 20) Laura nu léngoh kénéh, nu pindah ka Albania, nyarita, ”Abdi pernah ngawula di Fier. Ngan dina dua satengah taun, aya 120 pawarta nu anyar! Abdi ngajarkeun Alkitab ka 16 jalma di antarana.” Sadérék séjén nu ngaranna Sandra nyarita, ”Abdi pernah ngawawar ka hiji awéwé di pasar. Manéhna jadi Saksi, terus balik deui ka kampungna. Pandeuri abdi ngadéngé, di ditu manéhna boga 15 palajar Alkitab.”

Laura

Sandra

Yéhuwa Ngaberkahan Upaya Maranéhna

 Sababaraha pawarta nu pindah ka Albania mangtaun-taun kapungkur masih kénéh aya di ditu jeung bungah pisan kana palayananana. Maranéhna sok teu nyangka yén jalma-jalma nu pernah diwawaran saacanna ahirna daék narima bebeneran. (Pandita 11:6) Christopher nu tadi dicaritakeun nyarita kieu, ”Abdi panggih jeung saurang lalaki nu pernah diajar Alkitab jeung abdi pas mimiti pindah ka Albania. Éh geuningan manéhna masih inget kénéh kana obrolan urang basa mimiti panggih, abdi meni bungah. Ayeuna manéhna jeung pamajikanana geus dibaptis.” Federica nu tadi disebutkeun nyarita kieu, ”Di hiji sidang aya saurang sadérék nu nyampeurkeun abdi. Manéhna nanya ka abdi, abdi inget teu ka manéhna. Manéhna téh ngomong, salapan taun kapungkur abdi pernah ngawawar ka manéhna. Sanggeus abdi pindah ka kota séjén, manéhna mulai diajar Alkitab jeung dibaptis. Baheula abdi pernah mikir, sigana sababaraha taun mimiti abdi di Albania téh euweuh hasilna. Tapi geuningan abdi téh salah.”

 Sadérék-sadérék nu pindah ka Albania atawa Kosovo téh bener-bener bungah. Maranéhna ngarasakeun sorangan kumaha Yéhuwa ngaberkahan usaha maranéhna jeung méré kahirupan nu pikaresepeun. Sanggeus ngawula mangtaun-taun di Albania, Eliseo nyimpulkeun, ”Loba jalma mikir, lamun urang hayang hirup bagja, urang kudu boga loba barang. Urang gé bisa kapangaruhan ku pamikiran siga kitu. Tapi éta téh teu bener! Nu bener mah, urang bisa bagja lamun urang nuturkeun prinsip ti Yéhuwa. Palayanan abdi di Albania téh ngabantu abdi pikeun terus inget kana hal éta. Abdi jadi ngarasa kapaké jeung ngarasa dihargaan. Geus kitu, abdi gé boga babaturan nu tujuanana sarua.” Sandra gé ngarasa kitu. Ceuk manéhna, ”Ti baheula abdi hayang jadi utusan injil. Waktu pindah ka Albania, abdi ngarasa Yéhuwa téh geus méré abdi kasempetan pikeun ngudag kahayang éta. Abdi teu pernah kaduhung kana putusan ieu. Abdi bener-bener bagja.”

a Sadérék bisa ningali sajarah kagiatan pangwawaran di Albania dina Buku Tahunan Saksi-Saksi Yehuwa 2010.

b Kosovo téh aya di beulah kalér-wétan Albania. Di daérah ieu, jalma-jalmana maké basa Albania. Loba Saksi ti Albania, nagri-nagri Eropa, jeung Amerika Serikat ngarélakeun diri pikeun nguarkeun warta hadé ka jalma-jalma nu ngagunakeun basa Albania di Kosovo. Dina taun 2020, aya 256 pawarta nu ngawula di dalapan sidang, tilu kelompok, jeung dua kelompok awal.